3.2.05

Pamarentahan Islam


Kuring mah katarik ku pamanggih ngeunaan teu "keuna"na konsep agama
(nyeta Islam) pikeun pamarentahan, ambeh gampang paseana, nya Bah Willy? hehe...

Mun urang nyokot conto2 pamarentahan nu sebut wae---sugan rada-rada---ngawakilan Islam, cikan urang "evaluasi"
Arab Saudi (AS); kuring teu panuju mun pamarentahan AS ieu dianggap
saluyu jeung pamarentahan Islam. Kahiji masalah raja, Nabi SAW mah
lain raja. Kapamingpinan Islam ti Nabi ka Halipah nu opat, disebut
demokrasi lain, atuh jajauheun ka monarki.
Afganistan jaman Taliban; kaleuleuwihi mun Pamarentahan Islam
prakprakanana nepi ka ngurus masalah ngurud jangot mah...
Iran; duka tah ieu mah, kabeneran kuring teu manggih hal nu nyolok
nyimpang/kaleuleuwihi. Ceuk nu ngadukungna mah memang ieu cenah nu
ngaharib-harib pamarentahan Islam teh. Pamingpin/Imam dipilih ti
golongan ajengan/ulama anu memang geus kauji.
Indonesia; no comment

Tapi da nu ngaranna pulitik & kakawasaan mah loba unak-anikna, aya

kongkalikong (sama dengan kongkong), intrik2 jeung sajabana. Ngan
kuring mah nekenkeun teh hiji hal. Yen nu nyimpang, mun tea mah
nyimpang, lain ajaranana, tapi nu prak migawena. Nyimpang ieu bisa
alatan kapangaruhan (malah disetir) ku kapentingan batur atawa panatik
kana salasahiji golongan (alatan kurang jembarna elmu meureun lamun
dirunut leuwih jauh mah), atawa kasetir ku hawa napsu kakawasaan diri
sorangan/golongan. Jadi, lain konsep Islamna.

Terus deuih, lamun urang nyarita ngeunaan konsep Islam. Aya tanda

tanya nu rada gede dina sirah kuring, ari konsep pamarentahan Islam
teh nu kumaha? Geus aya kitu citak bulaona anu bener2 geus diaku
saluyu jeung ajen-inajen Islam? Asana mah acan. Eta oge kuring kungsi
ngadenge, draf konstitusi, hukum & sistim pamarentahan Islam teh keur
dikeureuyeuh, mung teu acan rengse keneh. Komo deuih taun kamari
kabejakeun aya "counter" atawa (lemesna) koreksi tapsiran dalil-dalil
utamana nu patali jeung wanoja.

Mun kudu2 teuing mah milih, bawarasa panuju jeung Kang Rawyani (pami teu lepat): demokrasi nu diwates. Lain diwates meureun, da manusa mah mun diwates teh sok luncat ngaleuwihan wates wangen. Nu diaping, nyaeta nu diaping ku wahyu.

Nu puguh (puguh teu puguh), bawarasa yen Gusti Alloh geus nurunkeun
tungtunan2 nu sipatna prinsip pikeun ngaping urang hirup di dunya, pon
kitu deui dina hal pamarentahan. Tina prinsip2 eta meureun urang kudu
ngagali naon2 aturan nu kudu ditanjeurkeun dina pamarentahan Islam: ti
rumusan konstitusi (mun memang aya) nepi ka bubuk leutikna, misalna
ngeunaan miceun runtah kana wadah/tempatna. Kapan hirup beresih &
berseka teh parentah Rosul...