18.5.06

ganti judul


Nimbang-nimbang ku hiji jeung hal lianna (intina mah geus bosen ku nu ti heula), kuring ngaganti lulugu ieu blog. Ayeuna mah judulna leuwih... kumaha kitu lah... Asa leuwih tegep wé pokona mah.

Ieu kuring!

Pejajaran


Nyambung deui ah, ayeuna mah Pajajaran vs. Pejajaran.

Sakumaha anu disebutkeun dina postingan kuring saméméhna, kecap Pajajaran nujul ka Pakuan Pajajaran, puseur Karajaan Sunda ti saprak dipingpin ku Jayadéwata (anu katelah Sri Baduga Maharaja). Pakuan Pajajaran atawa Pajajaran ieu kadang disebut salaku ngaran karajaan, padahal, sabenerna mah, ceuk ahli sajarah, éta mah ukur sebutan. Buktina, pikeun conto, Tomé Pirés, urang Portegis nu kungsi nyaba ka palabuan Sunda Kalapa (atawa "Kalapa" wungkul) abad ka-16, nyebutkeun yén Sunda-Kalapa téh salah sahiji palabuan karajaan Sunda, lain palabuan karajaan Pajajaran.

Ayeuna, mangga cobi sungsi maké Google kecap "pejajaran". Dina hasil panyungsian, urang bakal mendak loba pisan loka/situs nu nyebut Pajajaran (karajaan) salaku Pejajaran. Naha kaci kitu ngarobah ngaran modél kitu? Lain ukur batur nu kitu téh, dalah urang Sunda sorangan aya nu nulis kitu. Kacalétot ramo, sugan? Atawa alatan salah ucap, kusabab hésé nyebutkeunana? Ah, piraku. Pira gé "p a j a j a r a n", di mana héséna? Manasina "francois" anu kudu dibaca "fransoa" (heuheu...). Aya nu lucu malah mah, piraku "Universitas Pajajaran" bet ditulisna jadi "Universitas Pejajaran". Meureun bisa disaruakeun jeung "Universitas Airlangga" nu disebut jadi "Universitas Aérlangga", atawa "Universitas Indonésia" jadi "Universitas Éndonésia! Heuheu....

Pejajaran, luh!
Tah... ieu mah lain deui. Sababaraha kali kuring kungsi ngadéngé ti urang Betawi kecap "pejajaran", malah dina sinetron nu nyaritakeun urang Betawi gé kuring kungsi ngadéngé larapan sarupa kitu téh. Duka naon hartina, nu pasti mah konotasina téh goréng. Néhatip... Bisi ieu mah, mémang aya kecap "pejajaran" nu teu aya pakuat-pakait atawa patula-patalina jeung Pakuan Pajajaran, sugan ti antara nu maca aya nu bisa ngadadarkeun hartina? Atawa, nu dimaksud dina kontéks éta téh mémang asal-usulna mah tina Pakuan Pajajaran téa? Mun enya, naha bet bisa kitu, nya? Manawi aya nu bisa ngadongéngkeun jujutanana...

15.5.06

Pajajaran vs. Padjadjaran


Sababaraha kali kuring manggihan kecap PAJAJARAN jeung PADJADJARAN. Dua kecap ieu téh sabenerna mah éta-éta kénéh, nyaéta nujul ka puseur karajaan Sunda sanggeus dipindahkeun ka Pakuan Pajajaran, kira wewengkon Bogor ayeuna. Béda sotéh éjahanana wungkul: nu kahiji mah éjahan kiwari, sedengkeun nu kadua mah éjahan heubeul. Ngaran ieu lajeng dijadikeun ngaran ku universitas nu diadegkeun di Bandung: Universitas Pajajaran. Ngan, kusabab ieu universitas téh diadegkeun nalika urang maké éjahan heubeul, nya ditulisna téh jadi Universitas Padjadjaran (taun 1950-an asana mah), malah landihanana gé pan Unpad (lain Unpaj!). Jadi, di urang téh aya dua ngaran: Karajaan Pajajaran (alias Karajaan Sunda nu puseurna di Pakuan Pajajaran) & Universitas Pajajaran.

Salaku ngaran, mémang di urang mah sok tara dirobah nuturkeun éjahan anyar. Jadi, nepi ka kiwari, Universitas Pajajaran téh resmina mah ditulisna keukeuh Universitas Padjadjaran, sarua jeung kasus Soekarno jeung Soeharto (sarta "soe-soe" nu lianna). Tapi, anéhna, éjahan "padjadjaran" téh bet dipaké nepi ka kiwari pikeun nuliskeun Pakuan-Pajajaran (bisi panasaran, mangga buka loka Indosiar, Pikiran Rakyat, Pikiran Rakyat deui, jeung Kompas), padahal Pajajaran mah ngadegna téh jauh saméméh dipakéna éjahan heubeul. Heuheu...

Jadi, maksud tulisan ieu téh sabenerna mah pondok. "Pajajaran" salaku puseur karajaan Sunda, kiwari teu payus mun ditulis "Padjadjaran", da urang mah geus maké éjahan kiwari, lain éjahan heubeul. Enya sotéh ditulisna "Padjadjaran", mun nuliskeun "Universitas Pajajaran" sacara resmi.

Patali jeung Universitas Pajajaran, naha coba bet keukeuh dilandih "Unpad"? Ceuk kuring ieu mah, ieu téh lain teuing kusabab mémang tina ngaranna nu maké éjahan heubeul. Disebut "Unpad" sotéh kusabab létah urang mah teu ilahar boga kecap nu ditungtungan ku "j" paéh. Aya sotéh pasti beunang nyerep tina basa séjén, misalna "manhaj" (basa Arab). Sok baé téang kecap lianna, nepi ka dugul gé moal manggih! Heuheu...

3.5.06

Kutrat-kutrat

Keur diajar ngararancang pidangan loka, caritana mah. Geus sababaraha kali nyoba ngoprek citakan nu aya di blogger.com, lumayan, tadi mah ancur... Jadi we balik deui ka pidangan awal, heuheu... Beda sih, sabab geus ditambahan tumbu ka loka2 sejen nu kadang kalongok, sarta narjamahkeun sababaraha kalimah dina eusi ieu loka.

Oh, enya... Cikeneh ge nyobaan nambahkeun gambar kana artikel, horeng gampang... Ngan, kusabab teu boga koleksi poto/gambar pribadi, jadi we gambarna teh beunang malingan ti loka sejen. Moal dibui ieuh, sugan...