13.9.06

Sunda, Euy!

Nempoan sababaraha logo/ikon/gambar leutik nu napel dina sababaraha blog urang Sunda, bet jorojoy hayang ogé nyieun sorangan. Mun alus mah, nya meureun rék dijieun stiker sakalian. Mun payu téh, meureun batina bisa disumbangkeun sawaréh ka Yayasan Percéka.

Di kolom beulah kénca, luhureun ikon Blogger, salira ningal salah sahiji logo beunang kuring. Bilih aya nu palay, mangga baé salin perenah tumbuna (copy link location maksudna mah, klik katuhu dina gambarna).

12.9.06

solat lima waktu

"Kumaha pamanggih maranéh mun di hareupeun panto imah maranéh aya walungan nu ku éta walungan maranéh bisa mandi lima kali sapoé? Kira-kirana awak urang bakal dakian kénéh?" Kangjeng Rosul naros ka para sobat.
"Tangtos moal dakian," saur para sobat.
"Tah, solat lima waktu téh lir mandi lima kali sapoé. Ku jalan kitu, Gusti Alloh SWT meresihan diri urang tina rupa-rupa kasalahan (dosa)."

(Ieu hikmah disalin tina 'talatah po
éan' Amienem, nyutat H. R. Bukhori)

6.9.06

Appetizer

Poéan gawé minggu kamari, sakumaha biasa, sarapan téh mun teu jeung burhay nya jeung mi ayam (rék ditulis emih hayam, tapi teu ngeunaheun, heuheu....). Keur ngeunah dahar, ingetan bet los kana pintonan gambar2 dina seminar di Jogja poé saptu saméméhna. Teu pira ari gambarna mah, ukur korban mutilasi. Ana rey téh, beuteung ngadadak mules, ningali emih jadi teu napsu, nempo potongan daging hayam jadi teu kabita. Untungna, éta téh ukur sésana. Kari 2-3 huapeun deui, eureun wé kuring téh, sieun kaburu utah...

Pabeubeurang poé jumaah, aya deui kasempetan nempoan "nu arahéng" téh. Ieu mah di Dokpol. Sapanjang jero rohangan téh teu loba luak-lieuk, da geus kajudi, pasti "hiasan dinding"na téh moal jauh ti korban kriminil. Komo ieu mah lain kriminil biasa, bom Bali 2 téa atuh... Sanggeus acara itu-ieu, acara dipungkas ku lunch bin dahar beurang. Beu, untung ayeuna mah ménuna nu ngareunah. Poto sakurilingeun téh geus cul baé, teu ieuh ngalangkang...

Emh, aing mah... Mudah2an ka hareup mah nagara urang téh bisa tingtrim, teu kaganggu nu sarupaning téror atawa bencana alam...