22.10.08

koropak jero hapé

Koropak SMS pinuh, teu bisa nyimpen deui, maklum hapé baheula kapasitasna paling 30-an. Ti antarana dipindahkeun ka dieu, lebar basana arahéng...

  • Wilujeng boboran. Mugia kersa ngahapunten samudaya kalepatan. - HH Bogor
  • Bilih kantos kasisit sebit kana ati, kapancah kaléngkah ucap, kajenggut kababuk catur, tawakupna nu kasuhun. Hapunten tina samudaya kalepatan. Wilujeng boboran siam 1 Syawal 1429 H. - AM Cisarua
  • Kidulur nu dipicinta Alloh... Taqobbalalloohu minnaa waminkum. Wilujeng Idul Fitri 1 Syawal 1429 H. Minal 'aidin walfaaidziin, mohon maaf lahir batin. AR - Bekasi
  • Wilujeng boboran siam 1 Sawal 1429 H. Minal 'aidin walfaaidziin, mugi kersa ngahapunten lahir tumekaning batin. - DK Bekasi
  • Minal 'aaidin walfaaidziin, neda hapunten lahir & batin. Ya Alloh jantenkeun dulur abdi kalebet golongan umat anu dipikaasih ku Anjeun di dunya sareng ahérat. Aamiin. - TS Surabaya
  • Taqobbalalloohu minnaa waminkum. Mugia Alloh nampi amal ibadah urang sarta ngajadikeun urang sadaya jalmi-jalmi anu taqwa, laksana dunya ahérat. Wilujeng Idul Fitri 1429 H. - Nomerna teu kacatet
  • Wilujeng boboran siam, neda sih hapunten. D - Purwakarta
  • Wilujeng boboran siam 1429 H. Hapunten samudaya kalepatan lahir sinareng batin. - ERN Bogor
  • Pun samapun, amit ampun nu kasuhun, kena ireg di ulah pamali. Disabda mahala, dina laku tan yogya. Kadyangganing langit linglang, bwana hérang, pun AG & kulakadang. - Jakarta
  • Nur tawakup, rasa lillaah sumerah... Neda jembar sinareng hampura lahir ogé batin, nun. Wilujeng boboran siam. Baktos baé ka sadayana, mugi Gusti ngarohmat urang sadaya. - NS

30.7.08

Moro buku

Kaitung geus rada lila teu ngulampreng ka wewengkon Senén téh, najan ari ukur ngaliwat mah rada mindeng. Mun teu salah mah panungtungan ka dinya téh kuring kaleungitan ponsél, dicopét dina mikrolét 01. Pas kajadian gé sabenerna mah karasa, tapi kulantaran komplotan copétna lobaan (ampir sakabéh panumpang), kuring rada nunggu sugan di lebah Atrium aya polantas, da biasana sok aya. Hanjakal, pas turun téh teu katémbong hiji-hiji acan. Maksudna mah, mun aya rék langsung lapor yén kuring kacopétan dina éta mikrolét. Nya, tungtungna mah lapur...

Tadi beurang kaparengkeun deui ka wewengkon Senén, ngajak Adit urang Perpusnas. "Urang moro buku!" ceuk uing téh. Nu dituju nyaéta terminal Senén & Kwitang, da di dinya lolobana nu dagang buku mah. Rarancangna mah rék ka Kwitang heula, terus leumpang ka terminal. Hanjakal si mikrolét kalah nyokot jalur fly over, jadi wé sakalian ka pasar terminal heula.

Anjog ka dinya téh keur meujeuhna tengah poé éréng-éréngan, atuh langsung baé si Adit diajak nempoan di kios-kios bagian jero, ngarah iuh. Laha-loho ka welasan kios, teu manggih waé. Nu nawaran mah jul-jol, malah bari jeung metot taktak sagala. Ku uing teu dipiroséa, cukup dijawab "Liat-liat aja..." Nu kungsi kaalaman ari ditémbalan téh sok jadi paréa-réa omong, keur mah haroréam da maranéhna sok terus nawaran buku-buku atawa majalah teu pararuguh. Aya éta gé hiji dua mah anu rada cocog jeung nu ditéang, tapi da geus boga. Tungtungna mah nyamos, kaluar ti pasar terminal téh léngoh. Si Adit ongkoh, naksir kamus Oxford & kamusna Zoetmulder téh ukur nepi ka nanyakeun harga.

Ti terminal, kuring duaan leumpang ka parapatan Kwitang. Rada hariwang ogé sabenerna mah mawa si Adit papanasan, sieun jol gering. Der uing dicarékan ku Néng Anit! Heuheu...

Jol ka parapatan lebah nu loba dagang buku, kasampak mani ramé ku nu baralanja. Kakara engeuh, ayeuna téh masih kénéh usum asup sakola, jadi loba nu naréangan buku pelajaran sakola. Kios kahiji, liwat. Kadua... Katilu... manggih obralan nu dibandrol sapuluh rébuan. Teu antaparah, duaan langsung alak-ilik... Si Adit éta mah ku rancingeus, sakolébat langsung manggih buku Nano S. Teu lila bet bruh-bréh buku-buku ti Pustaka Jaya. Milik ieu mah... Dua manusa langsung poho kana purwadaksi, ukur sababaraha menit leungeun masing-masing geus ngadempét lima-tujuh buku. Balanja buku sakitu lobana ukur 70 rébueun. Édun...

Can puas, ti éta kios mapay deui... Bréh deui buku-buku anu sarupa di kios séjén, sababaraha di antarana teu kapanggih di kios anu mimiti. Teu antaparah, sababaraha buku langsung dirawuan... Gonjréng deui lima buku 45 rébueun (meunang korting lima rébu). Sanggeus mayar anu kadua, dina dompét kari sababarahara rébu deui.

Aduh, kantong jadi beurat. Hanaang deuih..! Uing duaan langsung ngabelesat ka tukang céndol di peuntaseun jajaran kios buku. Céndol sacangkir jangkung béak dina ukur sababaraha kenyot. Panyerotna badag badag teuing atuh, Mang!!!

Sabari ngaso, nempoan ka lebah Masjid Wali Songo, da asana mah aya ATM. Ana ditelek-telek, ukur aya plang BCA. Ah aing mah...

"Di beulah ditu aya Mandiri mah..." ceuk Adit.
"Hayu atuh ari anggeus reureuhna mah..." ceuk uing.

Jung deui mapayan kios, bisi baé aya nu kaliwat, najan dompét geus ipis pisan gé. Sajalan balikeun ukur manggih hiji deui buku, pangaji lima rébu. "Aya kénéh lah jang ongkos mah..." gerentes téh.

Sanggeus mapayan nepi ka tungtung, meuntas ka pimikroléteun balik. Sabari ngaso deui, entéh sabotol séwang béak sakocépat.

"Puas euy, Dit..?!"
"Wareg, euy... Kabeneran pisan..."

15.7.08

Toyota Yaris ti +6281339584366

Meunang SMS ti nomer +6281339584366, eusina kieu:

Slmt_Anda mdpt TOYOTA YARIS dr TELKOMSELpoin di und Pkl 23:30 td mlm di SCTV U/info Hub kami Jam 8 pagi di No 0076285284829999

Pengirim: 777

Sahanteuna geus aya dua SMS modél kieu nu katampa ku nomér Simpati cecepengan kuring. Dahuan ogé (anu maké Simpati) mindeng nampa SMS kawas kieu. Naha Simpati? Mun teu salah mah sakabéh nomer sélulér kudu daptar (rék ngeusian teu balég gé bisa baé). Saha nya nu boga ieu nomer?

3.3.08

Luigi, si tentara boga gaya... :D


Hiji mangsa, sababaraha bulan ka tukang, ka tempat kuring gawé aya kartu pos. Bagéan TU anu nampa éta kartu nelepon ka kuring, nanyakeun boga/henteuna babaturan di Afrika. Sanggeus ngahuleng sakedapan, kuring ngaenyakeun, da inget ka hiji jalma nu wanoh ti milis urangsunda anu mun teu salah mah mémang keur dines di Afrika. Éta TU teu pati yakin yén éta kartu pos téh ditujukeun ka kuring, da ditujukeunana gé lain ka ngaran kuring. Tapi mun dirarampa eusi tulisanana, nu sigana dina basa Sunda, saha deui atuh... Barang disusul ka luhur (rohangan TU aya di luhur), enya wé teu nyalahan. Kartu pos téh jolna ti kantor UN New York, malah perangkona gé perangko UN. Nu ngirimna Luigi Pralangga, anggota kontingen Garuda, TNI anu dikirim ku UN salaku pasukan penjaga perdamaian.

Bungah kacida nampa kartu pos téh, teu nyangka sacongo buuk bakal nampa nu modél kitu ti manéhna. Mun ti awéwé téa mah bakal teg baé, boa-boa... bogoheun! Atuh geuwat éta kartu pos téh ditémbong-témbong ka babaturan, terus ku kuring ditémbongkeun ogé friendsterna. Babaturan anu lolobana awéwé, rada kabandang ku poto-potona. Atuh da mangga wé tempo, tentara bet aya ku kasép, jaba bodas, euweuh wé beungeut tukang moyan téh... Beuki réa nu ditempo, beuki ateul hayang ngoméntaran... "Ieu mah tentara téh loba gaya... Beu!!!" Heuheu...

Bagéa, Kang Luigi. Sono, tos lami teu nampi wartos ti salira...