28.7.09

angklung angka lung

Pungkas minggu kamari, sakumaha biasa kuring 'manggih' TV. Teu ngahaja, bet manggih liputan ngeunaan angklung. Ceuk panganteurna, najan angklung teh idéntik jeung Jawa Barat (salah, kuduna mah jeung Sunda), sabenerna mah asalna lain ti dinya. Atuh, ngabandungan kitu mah kuring téh teu ingkah, langsung manco najan diselang iklan heula gé. Sanggeus ditungguan, anahoreng nu dimaksud téh sual angklung nu cenah asalna tina basa Bali 'angk' jeung 'lung'. Tah, kusabab kuring mah lain urang Bali, jadi teu nyaho naha enya éta asal-usul téh. Carita di-paused heula...

Tadi beurang, inget kana sual angklung, kuring nanya ka babaturan nu urang Bali. Ceuk manéhna, kasenian Bali gé wanoh ka nu disebut angklung, nyaéta alat musik tina awi nu sadana ku cara ditakolan. Di saung angklung Mang Udjo gé alat musik kitu mah aya, baladna maén angklung. Tah, rada enyay-enyayan ayeuna mah... Tina dua babandingan, aya nu sarua di Sunda jeung di Bali: angklung téh alat musik tina awi. Tapi naha kacindekanana bet nyebutkeun yén angklung téh asalna tina basa Bali, padahal teu aya rujukan anu bisa dicepeng?

Sunda jeung Bali téh natangga (najan di antarana aya urang Jawa), bisa jadi baheulana sakaruhun, atawa sahanteuna dulur raket. Tempo wé ngaran-ngaranna, loba nu sarua. Istilah angklung aya di urang, pon kitu deui di Bali. Angklung nu bener téh ditakol atawa dieundeukkeun? Mana atuh nu bener? Nu pasti, angklung téh alat musik tina awi. Teuing sasakalana kumaha, bisa jadi angklung bihari di Bali jeung di Sunda t
éh sarua bungkeuleukanana. Nu puguh mah di Sunda jadi nu dipikawanoh ayeuna, sedengkeun di Bali jadi nu dipikawanoh ku urang Bali kiwari. Mun teu aya rujukan anu kuat, nya teu kudu maksakeun nyipta-nyipta kumaha pancakakina...