15.9.09

Nonoman Sunda!

Nonoman Sunda!

Pasundan téh lemah cai aranjeun! Anjeun nu boga kawajiban ngabdi ka lemah cai, tapi gigireun ieu kawajiban, anjeun ngabogaan hak pikeun hirup di tanah sorangan. Ieu téh numutkeun patokan: plicht en recht.

Nonoman Sunda!

Upama anjeun teu wekel ngasah awak, teu pamohalan, Nonoman Sunda di lemah caina teu kabagéan alas, kapaksa kudu nyamos lantaran kalindih ku golongan séjén. Kusabab éta para Nonoman Sunda, geuwat kukumpul tanaga jeung pakarang, nu diwangun ku kaweruh pangpangna adat tabéat anu kuat, nyaéta: kawekelan, kadaék, kakeyeng, karep jeung kawanén. Upama teu kitu, lapur, tanwandé Nonoman Sunda kadéséh dina juritna pikeun néangan kahirupan. Geura rarasakeun, pisakumahaeun teuing pinalangsaeunana upama Nonoman Sunda ngan kabagéan harkat kuli jeung jongos, paling négtog jadi jurutulis, cindekna ngan kabagéan pangkat laladén, tur di bali geusan ngajadi sorangan. Aduh tobat, dugikeun ka kedah kitu mah. Baid, baid nu kitu mah, sing jauh ti tanah Sunda, ka ditu ka sabrang!

(Panglajang JOP no. 6/7 1938, dicutat dina Warga, 22 Oktober 1956, no. 201, h. 3-4, dicutat deui dina Oto Iskandar di Nata: the untold stories (2008) karya Iip D. Yahya)