15.9.09

Nonoman Sunda!

Nonoman Sunda!

Pasundan téh lemah cai aranjeun! Anjeun nu boga kawajiban ngabdi ka lemah cai, tapi gigireun ieu kawajiban, anjeun ngabogaan hak pikeun hirup di tanah sorangan. Ieu téh numutkeun patokan: plicht en recht.

Nonoman Sunda!

Upama anjeun teu wekel ngasah awak, teu pamohalan, Nonoman Sunda di lemah caina teu kabagéan alas, kapaksa kudu nyamos lantaran kalindih ku golongan séjén. Kusabab éta para Nonoman Sunda, geuwat kukumpul tanaga jeung pakarang, nu diwangun ku kaweruh pangpangna adat tabéat anu kuat, nyaéta: kawekelan, kadaék, kakeyeng, karep jeung kawanén. Upama teu kitu, lapur, tanwandé Nonoman Sunda kadéséh dina juritna pikeun néangan kahirupan. Geura rarasakeun, pisakumahaeun teuing pinalangsaeunana upama Nonoman Sunda ngan kabagéan harkat kuli jeung jongos, paling négtog jadi jurutulis, cindekna ngan kabagéan pangkat laladén, tur di bali geusan ngajadi sorangan. Aduh tobat, dugikeun ka kedah kitu mah. Baid, baid nu kitu mah, sing jauh ti tanah Sunda, ka ditu ka sabrang!

(Panglajang JOP no. 6/7 1938, dicutat dina Warga, 22 Oktober 1956, no. 201, h. 3-4, dicutat deui dina Oto Iskandar di Nata: the untold stories (2008) karya Iip D. Yahya)

28.7.09

angklung angka lung

Pungkas minggu kamari, sakumaha biasa kuring 'manggih' TV. Teu ngahaja, bet manggih liputan ngeunaan angklung. Ceuk panganteurna, najan angklung teh idéntik jeung Jawa Barat (salah, kuduna mah jeung Sunda), sabenerna mah asalna lain ti dinya. Atuh, ngabandungan kitu mah kuring téh teu ingkah, langsung manco najan diselang iklan heula gé. Sanggeus ditungguan, anahoreng nu dimaksud téh sual angklung nu cenah asalna tina basa Bali 'angk' jeung 'lung'. Tah, kusabab kuring mah lain urang Bali, jadi teu nyaho naha enya éta asal-usul téh. Carita di-paused heula...

Tadi beurang, inget kana sual angklung, kuring nanya ka babaturan nu urang Bali. Ceuk manéhna, kasenian Bali gé wanoh ka nu disebut angklung, nyaéta alat musik tina awi nu sadana ku cara ditakolan. Di saung angklung Mang Udjo gé alat musik kitu mah aya, baladna maén angklung. Tah, rada enyay-enyayan ayeuna mah... Tina dua babandingan, aya nu sarua di Sunda jeung di Bali: angklung téh alat musik tina awi. Tapi naha kacindekanana bet nyebutkeun yén angklung téh asalna tina basa Bali, padahal teu aya rujukan anu bisa dicepeng?

Sunda jeung Bali téh natangga (najan di antarana aya urang Jawa), bisa jadi baheulana sakaruhun, atawa sahanteuna dulur raket. Tempo wé ngaran-ngaranna, loba nu sarua. Istilah angklung aya di urang, pon kitu deui di Bali. Angklung nu bener téh ditakol atawa dieundeukkeun? Mana atuh nu bener? Nu pasti, angklung téh alat musik tina awi. Teuing sasakalana kumaha, bisa jadi angklung bihari di Bali jeung di Sunda t
éh sarua bungkeuleukanana. Nu puguh mah di Sunda jadi nu dipikawanoh ayeuna, sedengkeun di Bali jadi nu dipikawanoh ku urang Bali kiwari. Mun teu aya rujukan anu kuat, nya teu kudu maksakeun nyipta-nyipta kumaha pancakakina...

26.3.09

Sastrawan Sunda

Hiji mangsa, balad maya (BM) nu can wanoh kungsi nanya, "Sastrawan Sunda, nya?"

Beurat-beurat gé, heuheu, kuring (K) kapaksa ngabantah, "Bujeng-bujeng bin boro-boro!"

"Naha atuh, teu di ditu teu di dieu, di milis itu di milis ieu, nyarita téh ni embung maké basa Indonésia?" si BM malik nanya deui.

"Ah, bosen atuh da. Sapopoé geus i-Indonésia-an waé!" ceuk kuring.

Dipikir-pikir, da enya atuh. Basa Indonésia salaku basa nasional geus ngawasa kahirupan urang, najan mindeng ogé kadéséh ku basa Inggris. Di sakola basa resmi pangajaran, dina tipi geus puguh, da stasiun-stasiun onjoyna boga oriéntasi nasional. Basa Sunda salaku basana urang Sunda geus kadéséh pisan, beuki lila beuki nyisi. Dipaké balanja di mall, karagok. Dipaké ngobrol jeung babaturan, kudu loba ngaragangan da loba nu teu ngarti.

Duh, jadi salésma kieu, eung... Geus ah!