25.1.05

Ngadongéng...

Sanggeus sababaraha kali uruk salam taya nu némbalan, kuring terus mapay ka gigir, ka pipir, sugan nu boga imah keur di tukang.
“Punten…” cek teh pondok.
“Aeh, mangga. Saha téa ieu téh?” cek eta budak.
“Pa Waskita aya, Néng?” cek kuring.
“Oh, aya. Mangga linggih, di payun waé,” cek budak téh daréhdéh. Léos kuring ka hareup deui, bus ka eta imah saenggeusna dipangmukakeun panto ku éta budak. Gék kuring diuk, terus sakedapan mah rurat-rérét ka sakuriling rohangan tamu. Bilikna kosong molongpong, teu ieuh aya hihias atawa poto nu dipiguraan. Keur kitu aya nu norojol, jangkung seseg. Teu béda jeung keur ngorana, malah kaciri leuwih wibawa. Enya, teu kaciri aya robahna, iwal huisna.
“Saha Kisilah téh?” cek manéhna sanggeus diuk. Kuring teu langsung ngajawab, keur anteng neuteup anteb beungeutna.

---hanca

Tidak ada komentar: