24.4.06

Buruk-buruk papan jati


"Buruk-buruk papan jati" téh paribasa, anu kurang leuwihna mah hartina téh "sagoréng-goréngna ogé, dulur sorangan kénéh, kudu ditulungan". Ceuk cenah, ceuk béja nu kungsi kadéngé/kabaca tina kalawarta atawa obrolan, paribasa ieu sok dipaké ku inohong nu kajiret ku kasus korupsi jeung sabangsana (mangga cobi susud dina Google maké konci 'buruk papan jati') . "Buruk-buruk papan jati, cik atuh dulur sorangan mah ulah dibawa unggah balé watangan," kitu meureun pokpokanana téh. Duh, bet kawas nu bener. Gara-gara paribasa, geus baé lah, ulah digugat-gugat sagala. Mun keukeuh digugat nepi ka buktina, beu... lian ti dulur sorangan nu keuna ku hukuman, urang sorangan gé meureun kabawa wirang...

Kahirupan urang, umumna di Indonésia, geus kajiret ku nu ngaranna korupsi jeung kolusi (KK). Nyogok pikeun meunangkeun proyék, nyogok sangkan teu ditilang, nyogok sangkan urusan gancang bérés, nyogok sangkan sakola nu geus rajét bisa diropéa, aduh... Atuh anu boga kalungguhan, mani mangpang-meungpeung, sagala dikerid sagala dikeduk. Nepi ka kieuna nya, bangsa urang?!!

Dina tarékah ngabongkar/ngabasmi KK anu geus ngajiret ampir sakabéh lapisan urusan kanagaraan/pamaréntahan di urang, tangtuna anu jadi korban téh lain saha lain saha. Lamun hukum geus bener-bener ditanjeurkeun, boa-boa dulur urang anu keuna téh... Palias! Tapi, da geuning kanyataanana kitu. Da nu disebut korupsi téh lain ukur nu itunganana miliaran atawa triliunan, dalah nu ukur itungan ratusan pérak atawa rébuan gé, ari korupsi mah korupsi baé, teu ngabédakeun gedé/leutikna. Matak teu anéh, mun nu kajiret ku hukuman alatan lampah KK téh bisa jadi deukeut pisan pancakakina ka urang sorangan, padahal mah urang téh sakitu cuana ka nu disebut KK téh. Ceuk kasarna mah, ni hayang nyiduhan ka nu boga lampah kitu téh...

Dina prungna, alatan nu keuna ku hukuman téh lain saha lain saha, der téh urang jadi sabil. Saha jalmana anu senang nempo dulur sorangan cilaka? Malah, pan urangna ogé kabawa wirang. "Buruk-buruk papan jati, cik atuh, tulungan ieu dulur..." Tapi, naha enya nu kitu téh keuna ku cilaka? Enya meureun, saréatna mah. Tapi, nyiar rijki tina jalan anu teu halal teh pan dipahing pisan ku agama. Duit haram mah ukur jadi suluh naraka! Naha téga, nempo dulur sorangan beurat beunghar tina ladang teu halal?

Sakumaha anu diajarkeun di sakola jaman baheula, urang téh kudu silih tulungan. Tapi, ulah silih tulungan dina jalan anu goréng. Rasa béla jeung nyaah urang ka dulur, teu bisa dijadikeun alesan pikeun nyumputkeun kajahatan. Niat urang pikeun nulungan dulur anu geus milampah salah, ulah nepi ka ngorbankeun rahayat lian.

Satemenna, paribasa buruk-buruk papan jati téh ngandung ajén anu mulya. Tapi, sigana ajén anu mulya téh bisa jadi ancur alatan dilarapkeun sacara salah. Parahna deui, ku sabab paribasa ieu sok dijadikeun taméng kagoréngan, antukna urang Sunda kabawa goréng. Pajarkeun téh, "Tuh, urang Sunda mah da geus aya ti dituna nyumputkeun tukang korupsi téh!"

Aduh, mani hésé euy hayang nulis téh. Nya.... pokona mah kitu wé lah!!!
Posting Komentar