7.4.06

Étanasia

Étanasia (aslina mah euthanasia, lain 'étana manéh') téh cenah hiji tindakan médis pikeun nelasan hiji jalma nu geus ongkoh kasiksa ku kasakitna, euweuh harepan bisa diubaran deuih. Di Indonésia, sababaraha taun ka tukang kungsi ramé masalah étanasia, alatan aya nu mundut étanasia ka anggota kulawargana anu katarajang kasakit nu ceuk implengan mah geus moal katulungan deui. Enya ari dikitukeun mah, saréréa pada teu rido. "Mani téga," basana téh. Enya atuh, saha nu téga coba? Najan dulurna diganggayong ku kasakit gé, tara aya nu terus téga hayang nempo geura hos paéh (sangkan leupas tina siksa gering). Mun teu maké basa étanasia, kumaha tah?

Maksud kuring mah teu anéh-anéh, éstuning ningali di sabudeureun urang. Rahayat Indonésia loba pisan nu hirupna basajan, sarwa kakurangan, teu mampuh, miskin wé lah pokona mah! Ari geus ninggang di apes (lain apes kétang, da sigana mah aya patalina), kasakit mah geuning tara pilihan, justru mani arapét ka nu miskin mah. Bisa baé tina anu teu pira, muriang misalna, tapi bisa ogé alatan kasakit anu mémang parna. Tah, dina geus katarajang gering kitu, kumaha nya natambakeunana? Ka rumah sakit? Kudu biaya! Kapan loba kabéjakeun rumah sakit nolak pasén alatan teu mampuh. Kumaha mun alatan ditolak kitu si pasén téh nepi ka hanteuna? Enya ari 'disuntik paéh' mah henteu, tapi naon bédana?

Tidak ada komentar: