13.9.06

Sunda, Euy!

Nempoan sababaraha logo/ikon/gambar leutik nu napel dina sababaraha blog urang Sunda, bet jorojoy hayang ogé nyieun sorangan. Mun alus mah, nya meureun rék dijieun stiker sakalian. Mun payu téh, meureun batina bisa disumbangkeun sawaréh ka Yayasan Percéka.

Di kolom beulah kénca, luhureun ikon Blogger, salira ningal salah sahiji logo beunang kuring. Bilih aya nu palay, mangga baé salin perenah tumbuna (copy link location maksudna mah, klik katuhu dina gambarna).

2 komentar:

Anonim mengatakan...

Sae pisan logona

Anonim mengatakan...

agan kumi, uing ngajul logona nya ?
blogna deuih, ditumbukeun sakalian