26.3.09

Sastrawan Sunda

Hiji mangsa, balad maya (BM) nu can wanoh kungsi nanya, "Sastrawan Sunda, nya?"

Beurat-beurat gé, heuheu, kuring (K) kapaksa ngabantah, "Bujeng-bujeng bin boro-boro!"

"Naha atuh, teu di ditu teu di dieu, di milis itu di milis ieu, nyarita téh ni embung maké basa Indonésia?" si BM malik nanya deui.

"Ah, bosen atuh da. Sapopoé geus i-Indonésia-an waé!" ceuk kuring.

Dipikir-pikir, da enya atuh. Basa Indonésia salaku basa nasional geus ngawasa kahirupan urang, najan mindeng ogé kadéséh ku basa Inggris. Di sakola basa resmi pangajaran, dina tipi geus puguh, da stasiun-stasiun onjoyna boga oriéntasi nasional. Basa Sunda salaku basana urang Sunda geus kadéséh pisan, beuki lila beuki nyisi. Dipaké balanja di mall, karagok. Dipaké ngobrol jeung babaturan, kudu loba ngaragangan da loba nu teu ngarti.

Duh, jadi salésma kieu, eung... Geus ah!

2 komentar:

Damar sagara Blogs mengatakan...

Sumuhun Ayi, sanaos urang di Garut tapi tingal ayeuna mah para orang tua teh ngadidik murangkalihnya nyarios sadidinten ku basa indonesia, jigana upami nyarios ku basa sunda teh disebat urang kampung! Deudeuh teuing basa sunda tos teu diaku ku nu gaduhnya

Anonim mengatakan...

bener kang saluyu pisan kadang2 kuring lamun ngobrol sareng babaturan make basa sunda teh asa kumaha di tarempokeun ku batur teu ngartieun meureun nya tapi los wae kuring mah tara paduli nu pentingmah kuring ngobrolna lancar,ja abdimah urang sunda kamamana geh basa kuring basa sunda,sanajan hirup di jakarta basa kuring basa sunda,da kuring mah cinta basa daerah kuring.hahaaaaaaa...gelo nya.