15.12.06

Pamabokan

Baheula, basa keur leutik, sigana mah kuring teh asup kana istilah jalma pamabokan. Tuda eta we, teu kaur indit2an tumpak mobil, gawe teh mabok jeung mabok bae. Padahal teu pira, lalampahan tumpak mobil teh, misalna, ukur ti Garut ka Cikajang, atawa jauhna ka Tasik atawa ka Bandung. Geus teu kudu didongengkeun ari basa ngilu rombongan kulawarga ka Jakarta mah (ngabageakeun Enin & para uwa anu balik munggah haji, taun 80-an, da uing ge can sakola2 acan), da ongkoh kuringna ge poho deui, naha kumaha harita kajadianana. Anu inget teh kungsi naek ka Monas we... hehe...

Kuring teu pati inget iraha kuring tobat tina pamabokan, nu puguh mah, basa geus kuliah teh kungsi keneh mabok, nepi ka 'dibuang' di Cileungsi ku kenek beus. Mabok soteh sabenerna mah lain ku alatan beuki2 teuing, tapi memang awak keur teu walagri, keur loba nu karasa. Da lamun keur jag2 mah, tong boro bari diuk, dalah ti Jakarta ka Garut ngaliwatan Jonggol bari nangtung ge teu ieuh lieur (jadol teh, dina mangsa mudik mah supir beus jeung kenek teh saradis pisan, maenya genep jam teu dibere diuk sakeudeung2 acan, jaba ongkosna nikel deuih). Oh enya, pernah tigebrus deui kana 'dunya hitam' pamabokan teh taun 90-an basa ulin ka Singajaya. Tapi da eta mah enyaan atuh, euy. Lamun ceuk nu heureuy tea mah, jalanna teh mani naudzubillaah, keur heureut teh pungkal-pengkol & turun-naek disakalikeun. Nyaho kitu mah kajeun muruhkeun we, heuheu...

Pas tadi isuk2, keur anteng2 nundutan bari nyerangkeun tetempoan sapanjang jalan tol Cipularang, jol-jol... oroloooo....... panumpang awewe utah gigireun pisan. Untung bae manehna mekel keresek (sigana mah geus taki2, boa2 jalma pamabokan oge), jadi bukur pamabokan teh teu kamana-mendi. Barang ngadenge nu o... tadi, kuring langsung meureumkeun maneh, da sieun gehgeran... heheh... bari ngagerentes na jero hate (na jero sumur mah sieun beakeun oksigen), "Ieu jelema kunaon, sih... Jalan salempeng2 ngadon mabok... Ah, keun bae ketang... Nu penting mah teu kaambeu bauna, da kabeneran geus sababaraha poe irung teh kapeungpeuk leho."

4.12.06

nyandung

Aing mah ku bosen2 teuing ngabandungan hoghag masalah nyandung... Yu wonna now may opinyen ebat nyandung? Kieu yeuh...

Mun erek, pek... Mun moal, repeh! Montong sok openan...

28.11.06

pindah?

Kadang, ari keur hayang ngablog, kalah mentok dina aksesna. Malah mah mindeng gagal asup ka kaca blogger teh, jadi we kaburu keuheul. Nulis teu tulus, ideu tuliseun kaburu maluguran. Piraku kudu pindah mah... Ari pindah, pindah ka mana deuih? Ngindung ka mana nya atuh hadena ngablog teh?

16.10.06

riweuh geuning

Di blogger.com téh boga tilu blog, can deuih sababaraha blog di boleh.com & loka-loka komunitas modél Multiply & Friendster, lila-lila bet jadi riweuh. Heueuh, riweuh ngokolakeunana. Satadina mah, nyieun rupa-rupa blog téh pédah béda ajangkeuneunana. Ari keur sibuk modél kieu (ngakuna sotéh sibuk), bet riweuh sorangan. Dihijikeun baé kitu, atawa kumaha? Ah... Pusing... Jadi wéh nyieun hiji deui di Wordpress. Hahahah... Sédéng!!!

4.10.06

RNAi nyodok Nobel Kadokteran

Dua ahli genetik AS nu manggihan salah sahiji mékanisme dasar pangaturan éksprési gén dileler Hadiah Nobel pikeun karyana. Andrew Fire jeung Craig Mello, nu medarkeun prosés interférénsi RNA (RNAi) taun 1998, bakal nampa hadiah US$ 1,4-juta.

RNAi, nu sacara alami aya dina tutuwuhan jeung sasatoan, bisa 'ngabekem"' hiji gén sacara spésifik. Hal ieu ditujukeun pikeun mantuan ngatur éksprési gén, sarta naméngan tina panarajang inféksi virus jeung 'gén ngaclog' nu bisa ngalobaan sarta sumebar ka sakujur génom. Lengkepna mangga aos di Nature