28.3.06

Again, Sundanese v.s. Javanese


Tadi téh keur dahar beurang di kantor, duka ti mana mimitina, bet jadi ngobrolkeun masalah séké-sélér. Kabeneran, nu ngariung sameja téh opat jalma ti tilu sélér: Sunda duaan (lalaki), Jawa saurang (awéwé), Banjar (Kalimantan) saurang (lalaki, kawin ka urang Sunda).

Oh, enya. Balad nu urang Jawa, nyarita yén urang Sunda mah beuki kawin. Huahahahah... puguh baé kuring langsung ngagakgak bari némpas. "Haar... Pan anu gaduh Wong Solo téh urang Jawa?!" Atuh, saréréa jadi ngagakgak. Ti dinya, Balad Jawa nyaritakeun yén di kulawargana aya papagon turun-tumurun, yén kulawargana ulah aya nu nepi ka kawin ka urang Sunda. Héhéh, beuki ramé wé ti dinya mah...

Duka teuing ti mana asalna, tapi, ceuk cenah, pamali-pamali sarupa kitu téh asalna ti jaman Majapait - Sunda. Enya, tina kajadian di Bubat téa, gara-gara ambisi Gajahmada nu hayang ngawasa sakabéh Nusantara, nepi ka nyieun tipu muslihat ka pihak karajaan Sunda (salah sahiji karajaan nu can bisa dikawasa, sakumaha kasebut dina jangji anu katelah "Sumpah Palapa"). Padahal, ceuk cenah nu séjén deui, nu jadi sabab Sunda teu diganggu ku Majapait téh kusabab nu ngadegkeun Majapait téh turunan Sunda kénéh (mun teu salah mah pancakakina téh kieu: Radén Wijaya, nu ngadegkeun Majapait [aéh, enya kitu?] téh anak raja Sunda, sabab Dyah Lembu Tal téh boga salaki ti Sunda, ngan balik deui ka Jawa nalika salakina maot).

Balik deui ka dongéng Balad Jawa téa, manéhna ngadongéng, yén adina (lalaki) aya nu tulus kawin ka urang Sunda. Atuh... harita téh nepi ka sidang kulawarga, tapi henteu ari nepi ka pegatna mah. Sukur... Jeung deuih bukti, euweuh kajadian nanaon.

Nya kitu ogé anu kaalaman, kabeneran boga bapa téh urang Jawa Wétan, tingtrim wé nu aya. Pon kitu deui tilu urang dulur bapa kuring (uwa & dua emang) nu mareunangkeun urang Sunda, senang wé nu aya. Jadi, ulah lalawora... kieu-kieu gé kuring téh getihna indo, heuheu...

Tidak ada komentar: