23.3.06

Linglung bin Kasarung


Naon geuning nya sebutanana teh, disoriented atawa naon, mun dina basa Sunda mah linglung tea meureun.

Lain sakali dua kali ieu kajadian teh, panungtung mah basa ka Depok minggu kamari, nalika ngadatangan acara kopdar Kusnet (Komunitas urang Sunda di Internet). Minggu kamari teh nu kadua kalina, da baheula ge kungsi turun di stasiun Depok teh. Sanggeus acara jeung sajabana lekasan, kuring mulang wanci magrib. Pede bae, ti imah Kang Ndoell di Depok Timur teh tumpak angkot trayek Depok Timur-Pasar Minggu. Barang anjog ka pasampangan di... (jalan naon nya, pokona mah jalan raya), kuring mimiti ngahuleng.... Naha, ka Bogor teh bet mengkolna ka kenca, sedengkeun ka Pasar Minggu mengkol ka katuhu. Terus we dipikiran, nepi ka terminal Depok teh keur dipikiran keneh. Jol curiga, boa geus nepi ka stasiun yeuh... Tapi, da asa rada jauh keneh. Tamba panasaran, nya si supir teh ditanya,
"Ngaliwat ka stasiun teu?"
"Stasiun mana?" ceuk si supir.
"Stasiun Depok," jawab teh.
"Lah, ieu stasiun Depok!" ceuk supir rada nyorongot.
Ngaheheh bari era, terus bae gura-giru mayar, laju turun tina angkot. Ti terminal, kuring nuturkeun naluri bae, nuturkeun kamana lolobana jalma ngalengkah, nepi ka tungtungna anjog ka stasiun. Sanggeus meuli karcis, kuring ngahuleng deui nalika nempo papan pituduh nu nunjukkeun Bogor teh ka kencakeun. Jadi Jakarta ka katuhu atuh. Beu!

Teu lila nungguan, jol kareta ka Jakarta-keun. Naek teh bari sabil, naha bener ieu kareta teh ka Jakarta. Pas dipariksa ku petugas karcis, kuring teu salah meuli karcis, hartina teu salah naek. Kakara reugreug soteh sanggeus nepi ka stasiun Pasar Minggu, da lumayan apal pisan ka stasiun eta mah. Longsong we hate teh...

Tidak ada komentar: