19.9.07

Ngéjah aksara walanda

Kamari aya nu méré alamat surélék ngaliwatan telepon, diéjah maké alpa béta jst. Sanggeus ét (@), "Séra, hotél, ého, lima, lima, dot kom," ku kuring ditulis '@serahotelecho55.com'. Nepi ka ditéangan dina Google sagala, susuganan bener aya hotél ngaranna 'séra'. Tah geuning kapanggih... Tapi, bet di Turki geuning ieu mah?!! Da tadi mah asa nyebutkeun linggihna di Bogor. Ana ditelek-telek deui... Jadol téh... @shell.com!!! Heuheu...

Lain, lamun ngéjah aksawa walanda maké basa Sunda kumaha nya kira-kirana? Kuring boga usul, yeuh. Mangga ilo béréndélan di handap (aksara nu teu aya nuturkeun kumaha galibna).

a = asép
b = bandung
c = cépot
d = dawala
é = éntog (aya nu leuwih jéntré, tapi cawokah ah... Éta ogé mun ieu aksara dipaké, misalna dina basa Sunda)
e = ema
g = garéng
h = huntu (aya ieu gé nu leuwih jéntré, tapi cawokah deui waé...)
i = imah (ieu gé aya opsi séjén, tapi beu... bet cawokah deui, cawokah deui aing mah)
j = jubleg
k = kuda
l = lodaya
m = manuk
n = nonggéng
o = oyag
p = panto
r = randa
s = sunda
t = takol
u = ucing
w = wadah
y = yuswa

5 komentar:

Oman Fathurahman mengatakan...

Ayi, hatur nuhun tos rurumpaheun ka blog pribados, oge hatur nuhun geuning aya linkna di dieu...wilujeng wawanohan ah, tapi ulah teras dikawinkeun nya..he he

Anonim mengatakan...

halah2, ah teu ngartos :D

Anonim mengatakan...

sunda asép éntog panto imah sunda asép nonggéng!

*lieur*

dirojer gitu, gentos.

Nandar mengatakan...

Boro-boro saé, puguh lodaya imah ema ucing randa panto imah sunda asép nonggéng!

Anonim mengatakan...

hahaha.. si akang mah aya-aya wae geuning...

sunda imah - oyag lodaya oyag huntu oyag kuda - takol entog asep!