3.3.08

Luigi, si tentara boga gaya... :D


Hiji mangsa, sababaraha bulan ka tukang, ka tempat kuring gawé aya kartu pos. Bagéan TU anu nampa éta kartu nelepon ka kuring, nanyakeun boga/henteuna babaturan di Afrika. Sanggeus ngahuleng sakedapan, kuring ngaenyakeun, da inget ka hiji jalma nu wanoh ti milis urangsunda anu mun teu salah mah mémang keur dines di Afrika. Éta TU teu pati yakin yén éta kartu pos téh ditujukeun ka kuring, da ditujukeunana gé lain ka ngaran kuring. Tapi mun dirarampa eusi tulisanana, nu sigana dina basa Sunda, saha deui atuh... Barang disusul ka luhur (rohangan TU aya di luhur), enya wé teu nyalahan. Kartu pos téh jolna ti kantor UN New York, malah perangkona gé perangko UN. Nu ngirimna Luigi Pralangga, anggota kontingen Garuda, TNI anu dikirim ku UN salaku pasukan penjaga perdamaian.

Bungah kacida nampa kartu pos téh, teu nyangka sacongo buuk bakal nampa nu modél kitu ti manéhna. Mun ti awéwé téa mah bakal teg baé, boa-boa... bogoheun! Atuh geuwat éta kartu pos téh ditémbong-témbong ka babaturan, terus ku kuring ditémbongkeun ogé friendsterna. Babaturan anu lolobana awéwé, rada kabandang ku poto-potona. Atuh da mangga wé tempo, tentara bet aya ku kasép, jaba bodas, euweuh wé beungeut tukang moyan téh... Beuki réa nu ditempo, beuki ateul hayang ngoméntaran... "Ieu mah tentara téh loba gaya... Beu!!!" Heuheu...

Bagéa, Kang Luigi. Sono, tos lami teu nampi wartos ti salira...

2 komentar:

L. Pralangga mengatakan...

Nuhun pisan euy tos di ulas si postcard tea :D, insyallah June ini mudik, tos garing pisan euy didieu teh (Ini sunda-nya amburadul pisan yah!)

Kumaha daramang sadayana? si teteh baik & sehat?:)

Salam atuh ka babaturan di kantor, insyallah pas cuti amenglah ka kantor.

Seneng udh bisa mampir kesini lagi, salam hangat dari Afrika Barat
--------------
PS: Ohya, Warung yang lama ini akhirnya kembali di buka, setelah lama di tinggal mudik.

Unknown mengatakan...

Mas Is, nggak ngerti.. hu hu hu.
Btw, gw link back blognya mas Is yah.. ^_^