19.6.07

Aksara Arab


Punten, ieu tulisan lain rék ngabahas aksara Arab, da teu neuleuman élmu éta kuring mah...

Aya kapanasaran, naha di nu séjén ogé kieu atawa di kuring wungkul. Mangga ilo gambar di gigir (snapshot kaca ti blog kuring), katingal teu aksara Arab di bagian handapna? Tah éta, naha nya bet mucunghul waé aksara Arab? Dikotéktak dina sétingan, weléh teu kapanggih. Cikan, sugan aya nu bisa nulungan, kumaha ngoméanana? Da rumasa, kuring mah teu bisa maca Arab dugul, komo ieu (sigana) dina basa Arab...

12.6.07

Ulah ngalieuk ka tukang!

"Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon! Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!"

Ti dinya mimitina mah manggih téh, tina anu disebut Uga Wangsit Siliwangi. Nu puguh mah jadi bingung, ti mana asalna éta wangsit, jeung naon deuih maksudna paréntah 'ulah ngalieuk ka tukang' téh... Ari perkara uga atawa wangsitna mah teu pati dipikiran, da rumasa teu pati katarik ku hal-hal nu kararitu mah. Manggih deui kalimah kitu téh dina paguneman di milis urangsunda, nu nyaritakeun pangalaman ahéng salasaurang anggota milis. Hanjakal eusina mah geus poho deui.

Kamari-kamari ngadéngé deui kalimah ieu téh ti uana pamajikan, nalika ngadongéngkeun saha kitu lah, nu pasti mah lain pangalaman anjeunna sorangan. Cenah nu ngalaman téh diakod ku kolotna (atawa guruna) ngajugjug ka hiji tempat maké sarupaning élmu, nu maksudna ngarah leuwih gancang. Kuring gé kungsi ngadéngé caritaan ua nu nyebutkeun dulurna baheula bisa nepi ka Garut ti Bungbulang dina waktu nu sakeudeung, tangtuna teu tumpak élep.

Tah, saméméh indit, si anu rék diakod téh dibéjaan sangkan ulah ngalieuk ka tukang. Pas diusna indit, sabot ngabelesat téh si nu diakod téh panasaran, lieuk baé ka nu kaliwatan. Ana kitu, porosot téh manéhna lésot, ujug2 jleg baé jadi ngajanteng sorangan di tengah leuweung luwang-liwung. Bisa salamet sotéh, pédah baé disusul deui ku nu ngakod. Mun enya, élmu naon nya nu dipaké? Naha hiji kasaktén anu ilahar aya dina dongéng-dongéng atawa kumaha? Mun kasaktén modél kitu dipapandékeun jeung kapal hiber atawa beus Primajasa Cileunyi-UKI jaman kiwari nu saban minggu ditumpakan, kumaha tah hubunganana? Nu pasti, tangtuna nu keur nyupiran tutumpakan mobil/motor mah dipahing pisan luak-lieuk ka tukang téh...

Parahiyangan

Mun ngadéngé kecap 'parahiyangan' ('parahyangan', 'priangan', atawa 'preanger'), pikiran kuring langsung los ka hiji wewengkon di Tatar Sunda beulah wétan ka kidulkeun, ti Cianjur nepi ka wewengkon Ciamis, utamana mah Bandung. Komo ti heula mah, nu kainget téh sabangsaning plang di kantor pulisi samodél Kepolisian Wilayah Priangan Timur. Ti dinya, terus baé dibayangkeun yén mun kitu mah Priangan téh dibagi-bagi kana sababaraha wilayah. Paling henteu gé nya pasti kudu aya Priangan Barat, nu sigana ngawengku wilayah Bandung ka kulonkeun.

Dina pikiran, ieu istilah datangna tina kecap 'hiyang' anu hartina sarupa jeung déwa atawa pangéran, ditambah rarangkén 'para-' jeung '-an'. Jadi, 'parahiyangan' téh hartina tempatna para déwa. Ka dieunakeun, kuring manggih 'Carita Parahiyangan', hiji naskah Sunda kuna nu nyaritakeun raja-raja Sunda (apal sotéh pédah baé boga bukuna anu beunang nyusun Atja, wedalan taun 60-an). Kecap 'parahiyangan' écés pisan disebutkeun dina bubuka ieu naskah, asli aya. Hartina, istilah ieu mémang geus aya ti baheula. Tah, ti dieu, kuring jadi mikir deui, naha pamahaman kuring ngeunaan 'parahiyangan' salila ieu téh geus bener atawa acan?

Kiwari, istilah 'parahiyangan', sakumaha disebutkeun di luhur, mémang nujul ka hiji wewengkon. Tapi, ti iraha? Mun teu salah, dipakéna ieu istilah salaku wewengkon téh asalna ti jaman Walanda: Preanger. Biasa, da babagian wilayah anu aya ayeuna téh pan warisan Walanda, lain dumasar babagian aslina anu ngagambarkeun babagian wilayah budaya atawa kakawasaan jaman saméméh dijajah Walanda. Kumaha ari numutkeun istilah asalna?

'Carita Parahiyangan' eusina ngeunaan carita raja-raja (rahiyang) Sunda ti jaman Kendan nepi ka rék tumpurna di Pakuan, lain ngeunaan wewengkonna. Jadi, 'parahiyangan' di dieu téh meureun sarua jeung 'parajaan' atawa 'para raja' (atawa 'karajaan'?). Mun nilik eusina, ieu naskah lolobana nyaritakeun para rajana, lain nyaritakeun karajaanana. Jadi, sigana mah, 'parahiyangan' anu dimaksud ku éta naskah téh 'para raja' (Sunda). Mun diinggriskeun mah meureun jadina téh 'The Story of (Sunda) Kings'.

Ah, tamba ngalamun baé ieu mah. Geus lila teu ngeusian blog, ongkoh...