12.6.07

Parahiyangan

Mun ngadéngé kecap 'parahiyangan' ('parahyangan', 'priangan', atawa 'preanger'), pikiran kuring langsung los ka hiji wewengkon di Tatar Sunda beulah wétan ka kidulkeun, ti Cianjur nepi ka wewengkon Ciamis, utamana mah Bandung. Komo ti heula mah, nu kainget téh sabangsaning plang di kantor pulisi samodél Kepolisian Wilayah Priangan Timur. Ti dinya, terus baé dibayangkeun yén mun kitu mah Priangan téh dibagi-bagi kana sababaraha wilayah. Paling henteu gé nya pasti kudu aya Priangan Barat, nu sigana ngawengku wilayah Bandung ka kulonkeun.

Dina pikiran, ieu istilah datangna tina kecap 'hiyang' anu hartina sarupa jeung déwa atawa pangéran, ditambah rarangkén 'para-' jeung '-an'. Jadi, 'parahiyangan' téh hartina tempatna para déwa. Ka dieunakeun, kuring manggih 'Carita Parahiyangan', hiji naskah Sunda kuna nu nyaritakeun raja-raja Sunda (apal sotéh pédah baé boga bukuna anu beunang nyusun Atja, wedalan taun 60-an). Kecap 'parahiyangan' écés pisan disebutkeun dina bubuka ieu naskah, asli aya. Hartina, istilah ieu mémang geus aya ti baheula. Tah, ti dieu, kuring jadi mikir deui, naha pamahaman kuring ngeunaan 'parahiyangan' salila ieu téh geus bener atawa acan?

Kiwari, istilah 'parahiyangan', sakumaha disebutkeun di luhur, mémang nujul ka hiji wewengkon. Tapi, ti iraha? Mun teu salah, dipakéna ieu istilah salaku wewengkon téh asalna ti jaman Walanda: Preanger. Biasa, da babagian wilayah anu aya ayeuna téh pan warisan Walanda, lain dumasar babagian aslina anu ngagambarkeun babagian wilayah budaya atawa kakawasaan jaman saméméh dijajah Walanda. Kumaha ari numutkeun istilah asalna?

'Carita Parahiyangan' eusina ngeunaan carita raja-raja (rahiyang) Sunda ti jaman Kendan nepi ka rék tumpurna di Pakuan, lain ngeunaan wewengkonna. Jadi, 'parahiyangan' di dieu téh meureun sarua jeung 'parajaan' atawa 'para raja' (atawa 'karajaan'?). Mun nilik eusina, ieu naskah lolobana nyaritakeun para rajana, lain nyaritakeun karajaanana. Jadi, sigana mah, 'parahiyangan' anu dimaksud ku éta naskah téh 'para raja' (Sunda). Mun diinggriskeun mah meureun jadina téh 'The Story of (Sunda) Kings'.

Ah, tamba ngalamun baé ieu mah. Geus lila teu ngeusian blog, ongkoh...

Tidak ada komentar: