19.6.07

Aksara Arab


Punten, ieu tulisan lain rék ngabahas aksara Arab, da teu neuleuman élmu éta kuring mah...

Aya kapanasaran, naha di nu séjén ogé kieu atawa di kuring wungkul. Mangga ilo gambar di gigir (snapshot kaca ti blog kuring), katingal teu aksara Arab di bagian handapna? Tah éta, naha nya bet mucunghul waé aksara Arab? Dikotéktak dina sétingan, weléh teu kapanggih. Cikan, sugan aya nu bisa nulungan, kumaha ngoméanana? Da rumasa, kuring mah teu bisa maca Arab dugul, komo ieu (sigana) dina basa Arab...

1 komentar:

Anonim mengatakan...

hehe naha beut tiasa kitu atuhnya? da panginteun aya aksara arab oge dina blog akang teh heuheu

disangkan aurang Arab :D
***
kang wilujeung nepangkeunnya sareung simkuring tipalih kidul :)