30.7.08

Moro buku

Kaitung geus rada lila teu ngulampreng ka wewengkon Senén téh, najan ari ukur ngaliwat mah rada mindeng. Mun teu salah mah panungtungan ka dinya téh kuring kaleungitan ponsél, dicopét dina mikrolét 01. Pas kajadian gé sabenerna mah karasa, tapi kulantaran komplotan copétna lobaan (ampir sakabéh panumpang), kuring rada nunggu sugan di lebah Atrium aya polantas, da biasana sok aya. Hanjakal, pas turun téh teu katémbong hiji-hiji acan. Maksudna mah, mun aya rék langsung lapor yén kuring kacopétan dina éta mikrolét. Nya, tungtungna mah lapur...

Tadi beurang kaparengkeun deui ka wewengkon Senén, ngajak Adit urang Perpusnas. "Urang moro buku!" ceuk uing téh. Nu dituju nyaéta terminal Senén & Kwitang, da di dinya lolobana nu dagang buku mah. Rarancangna mah rék ka Kwitang heula, terus leumpang ka terminal. Hanjakal si mikrolét kalah nyokot jalur fly over, jadi wé sakalian ka pasar terminal heula.

Anjog ka dinya téh keur meujeuhna tengah poé éréng-éréngan, atuh langsung baé si Adit diajak nempoan di kios-kios bagian jero, ngarah iuh. Laha-loho ka welasan kios, teu manggih waé. Nu nawaran mah jul-jol, malah bari jeung metot taktak sagala. Ku uing teu dipiroséa, cukup dijawab "Liat-liat aja..." Nu kungsi kaalaman ari ditémbalan téh sok jadi paréa-réa omong, keur mah haroréam da maranéhna sok terus nawaran buku-buku atawa majalah teu pararuguh. Aya éta gé hiji dua mah anu rada cocog jeung nu ditéang, tapi da geus boga. Tungtungna mah nyamos, kaluar ti pasar terminal téh léngoh. Si Adit ongkoh, naksir kamus Oxford & kamusna Zoetmulder téh ukur nepi ka nanyakeun harga.

Ti terminal, kuring duaan leumpang ka parapatan Kwitang. Rada hariwang ogé sabenerna mah mawa si Adit papanasan, sieun jol gering. Der uing dicarékan ku Néng Anit! Heuheu...

Jol ka parapatan lebah nu loba dagang buku, kasampak mani ramé ku nu baralanja. Kakara engeuh, ayeuna téh masih kénéh usum asup sakola, jadi loba nu naréangan buku pelajaran sakola. Kios kahiji, liwat. Kadua... Katilu... manggih obralan nu dibandrol sapuluh rébuan. Teu antaparah, duaan langsung alak-ilik... Si Adit éta mah ku rancingeus, sakolébat langsung manggih buku Nano S. Teu lila bet bruh-bréh buku-buku ti Pustaka Jaya. Milik ieu mah... Dua manusa langsung poho kana purwadaksi, ukur sababaraha menit leungeun masing-masing geus ngadempét lima-tujuh buku. Balanja buku sakitu lobana ukur 70 rébueun. Édun...

Can puas, ti éta kios mapay deui... Bréh deui buku-buku anu sarupa di kios séjén, sababaraha di antarana teu kapanggih di kios anu mimiti. Teu antaparah, sababaraha buku langsung dirawuan... Gonjréng deui lima buku 45 rébueun (meunang korting lima rébu). Sanggeus mayar anu kadua, dina dompét kari sababarahara rébu deui.

Aduh, kantong jadi beurat. Hanaang deuih..! Uing duaan langsung ngabelesat ka tukang céndol di peuntaseun jajaran kios buku. Céndol sacangkir jangkung béak dina ukur sababaraha kenyot. Panyerotna badag badag teuing atuh, Mang!!!

Sabari ngaso, nempoan ka lebah Masjid Wali Songo, da asana mah aya ATM. Ana ditelek-telek, ukur aya plang BCA. Ah aing mah...

"Di beulah ditu aya Mandiri mah..." ceuk Adit.
"Hayu atuh ari anggeus reureuhna mah..." ceuk uing.

Jung deui mapayan kios, bisi baé aya nu kaliwat, najan dompét geus ipis pisan gé. Sajalan balikeun ukur manggih hiji deui buku, pangaji lima rébu. "Aya kénéh lah jang ongkos mah..." gerentes téh.

Sanggeus mapayan nepi ka tungtung, meuntas ka pimikroléteun balik. Sabari ngaso deui, entéh sabotol séwang béak sakocépat.

"Puas euy, Dit..?!"
"Wareg, euy... Kabeneran pisan..."
Posting Komentar