18.4.07

travel warning!


Aya babaturan nyodorkeun stiker, eusina mah kurang leuwih kawas di luhur ieu. Heuheu...

21.3.07

horéééé... dibagi léptop!!!

Ni senang euy jadi anggota DPR mah... Geus gajihna gedé, ditambahan ku rupa-rupa tunjangan & pasilitas, ayeuna rék dibagi léptop! Ginding, Méééénnn...

Aya dua hal prinsip anu kuring panasaran:
  1. Naon alesanana maké kudu dianggarkeun dipangmeulikeun sagala? Mun ngarasa butuh mah mareuli sorangan gé sigana leuwih ti mampuh. Ari ieu, kalah maké duit nagara...
  2. Kira-kira mangpaat moal nya éta léptop? Naha kinerja anggota DPR bakal nérékél mun baroga léptop?
Lila-lila... Beuki dieu, bet asa beuki ocang euy élité bangsa urang téh... Asa hayang... nyiduhan!

31.1.07

Sundanét is Dead?

Mimiti apalna mah teu ngahaja, da mémang kuring mah teu matuh sindang ka Sundanét téh. Minggu kamari, pikeun hiji kaperluan, kuring nyusud internét maké Google, néangan téks naskah Carita Parahyangan anu nyaritakeun laku nirca Mandiminyak ka dahuanana, Pwah Rababu. Tina hasil nyusud, Google manggih sababaraha kaca ramat anu cocog. Ku kuring éta tumbu ampir kabéh dibukaan. Ari pék... anu di Sundanet mah gagal kabuka. Nu némbongan ukur papan pangumuman:

Internal Server Error

The server encountered an internal error or misconfiguration and was unable to complete your request.

Please contact the server administrator, webmaster@sundanet.com and inform them of the time the error occurred, and anything you might have done that may have caused the error.

More information about this error may be available in the server error log.

Additionally, a 404 Not Found error was encountered while trying to use an ErrorDocument to handle the request.

Pas ditanyakeun ka Mama manAR, mémang cenah Sundanét mah geus sahoseun...

Euh... lebar temen... Mangkaning dina éta loka téh seueur pisan pedaran nu patali jeung Kasundaan. Mun teu salah mah ieu loka téh bogana Wahana Raksa Sunda. Cik atuh... lebar ku eusina, Juragan... Pami tiasa mah hirupan deui... Atanapi, bilih baé tos teu kawaragadan hostingna, atuh susuganan tiasa dialihkeun ka média anu gratisan. Anu penting mah panginten nyalametkeun pedaran-pedaranana. Mun seug nepi ka leungit kitu baé téh... Beu... lebar temen...

18.1.07

amal soleh

Najan kacirina leutik, amal soleh mah ulah dimomorekeun, ulah teu dipilampah. Misalna nembongkeun imut atawa paroman anu hade nalika panggih jeung sobat, sahingga eta sobat ngarasakeun kagumbiraan urang tepung jeung manehna.

(disarikeun tina H.R. Bukhori kintunan Kang Abdul 'Aziz)

17.1.07

ajen manusa

PBB ngalaporkeun yen salila taun 2006, nu palastra di Irak teh kurang leuwih 34 rebu urang. Mun dirata-rata, sapoena ampir saratus urang palastra! Poe salasa kamari, bom nu bitu di hareupeun kampus (di Irak keneh) nelasan 70 urang. Gusti... Lamun manusa teh mahluk Gusti anu paling sampurna, naha geuning papada manusa mah ajen anu luhur teh bet dimurah-mareh kawas kitu?