3.8.06

Gajih ka-13

Basa poé senén kamari, ka tempat gawé aya kunjungan ti Komisi VII DPR. Tujuanana... Naon, nya... Pokona mah nempo kagiatan lembaga, patali jeung anggaran anu bakal dikucurkeun pikeun kagiatan panalungtikan. Salah saurang anggota Komisi nyarita, yén manéhna hemeng, naha sampel-sampel kasus flu manuk mani nepi ka kudu dikirim ka Hongkong sagala? Bener ieu téh alatan Indonésia euweuh kabisa? Perlu dana sabaraha, sih? Kitu meureun intina mah.

Sanggeus éta kunjungan, isukna, babaturan nu ngalanggan layanan SMS banking barungah, sabab nampa iber ti bang tempat gajihna ngaliwat yén rekeningna nampa transfer sajumlah gedéna gajih bulanan. Aya nu langsung sujud sukur bari carinakdak, aya nu langsung mikiran rék ngalunasan kiriditan, aya nu mikir rék jajan ka Sizzler, duka nu séjénna deui mah. Bener, euy... Sarakti anggota DPR mah!

Teu sabaraha lila ti iber ti bang, jol deui iber ti bang, yén transfer nu saméméhna téh dibolaykeun, duit nu geus asup dibetot deui: kasalahan téhnis!

Ari sugan téh kadeudeuh ti dunungan, ngimbangan gajih ka-13 nu ditampa ku para PNS. Beu... Teu ngeunah dahar teu ngeunah nginum, gawé jadi teu mirasa... Asa digarong... Huahahahah...

2.8.06

Ngabelenyéh...

Mun nempo jalma, kuring mah paling resep nempo nu keur imut atawa nu ngabelenyéh seuri. Teuing ku naon, tapi sigana mah kusabab tina éta paroman, kuring bisa nyaho yén éta jalma keur gumbira, sahanteuna... teu keur mikiran nu bangga-bangga. Sakumaha anu katempo dina ieu poto, wadya balad di tempat kuring gawé, saleuri... teuing ku naon (poho deui kajadianana mah). Jadi kabawa gumbira... (nyobaan neundeun poto di photobucket).

26.7.06

Sésar

Ngababarkeun atawa ngalahirkeun budak ku jalan dioprasi sésar téh jaman kiwari mah geus biasa, malah ceuk wadul mah mémang trénna. Rupa-rupa alesanana mah, ti nu mémang alatan alesan médis, nepi ka alesan sieun nyeri atawa ngarah weuteuh palawangan. Heuheu... Heueuh, si Bagja gé bulan kamari téh pan borojolna téh disésar, najan saméméhna geus ditarékahan sangkan bisa normal. Tapi dalah dikumaha, orokna lumayan badag, indungna kurang badag. Kitu cenah alesanana mah...

Jaman baheula mah duka tah, kumaha prakprakanana mun aya kasus anu jaman kiwari pasti kudu disésar. Naha parajina jaragoan, atawa indungna karuatan, atawa kumaha. Tapi, meureun, dina sababaraha kasus mah, lian ti nu salamet téh, sigana aya ogé nu nepi ka hanteuna. Dina lebah dieu mah meureun urang bisa nilik tina angka maotna orok atawa indung dina prosés ngalahirkeun.

Kamari-kamari kuring ngobrol jeung babaturan, dokter di RSHS, nu meunang iber ti babaturanana nu ahli giji (gizi kalééé...). Dr. Marjolaine, si ahli giji téa (urang Walanda), sataunan kamari gé tas ngababarkeun anakna. Manéhna mah, cenah, salila kakandungan téh tara daék nginum pitamin atawa suplemén tambahan nanaon. "Asal asupanana (dahar) cukup--opat hurip lima sampurna téa meureun--sabenerna mah teu kudu maké jeung ditambahan suplemén sagala rupa. Jeung deuih ngarah orokna teu badag teuing, sahingga pas borojolna teu hésé. Tilu kiloan wé, cukup!" kitu meureun pokpokanana.

Beu... Abong nu bodo, nya... Kieu yeuh ari teu boga pangaweruh téh, keur mah nu pinterna deuih tara ngabéjaan kumaha nu benerna, tungtungna mah jadi kawas ata mata-ranté ti kasus kahiji ka nu salajengna: suplemén keur nu kakandungan >> orok badag >> babar sésar >> beban béaya anu badag. Hiji deui, sanggeus dibabarkeun, kiwari mah loba pisan orok nu jadi konéng. Balukarna, nya ongkos nu beuki gedé... Si Bagja ogé harita téh ceuk dokter anak statusna konéng. Najan kungsi disinar dua poé, tapi tungtungna mah kuring maksa, budak dibawa balik. Alhamdulillah, nepi ka ayeuna teu kurang nanaon.

Tambahan ngeunaan orok konéng, si Ua bet ngadadak curhat ngeunaan budakna nu baheula dibabarkeun di salasahiji rumah sakit di Bandung. Alatan konéng, budakna téh nepi ka disinar sapuluh poé lilana. Pas babaturanana nyaho di mana ngababarkeunana, si babaturan Ua téh langsung nebak, "Pasti konéng, nya?!" Haaar... Geuning... Horéng sigana kalolobaan budak anu dibabarkeun di rumah sakit éta ngalaman konéng. Beu... Naon atuh nya nu jadi sabab? Naha mémang kaayaan pasénna méh baé sarua kabéh? Atawa aya nu salah dina cara ngarawatan orok di éta rumah sakit? Atawa ukur akal-akalan? Beu... (deui wae)

Hampura pisan, bisi postingan ieu loba ngandung kacurigaan jeung sangkaan goréng. Tapi, hadé pisan mun urang bisa nyanghareupan ieu masalah. Nu penting pisan, nyatana urang téh kudu loba kanyaho. Ku kituna, hayu atuh urang maraca buku, utamana buku kaséhatan, kum baé nu séjénna ogé...

20.7.06

Zidane ogé manusa... cenah

Nempo jilid (cover) majalah Tempo* minggu ieu, bet jadi hayang nulis ngeunaan buntut Piala Dunya di Jérman kamari (sabenerna mah ti saprak kajadian harita gé nulis téh hayang, tapi kaburu horéam). Jilidna téh basajan: warna héjo ngora (meureun ngawakilan lapang maénbal), sedengkeun Zidane-na dipoto ti gigir, kalawan judul “Karena Zidane juga Manusia”.

Kana maénbal mah sabenerna kuring téh teu resep-resep teuing, da lalajo liga-liga Éropah gé jarang pisan. Resep sih, tapi ari kudu ngahajakeun lalajo nepi ka nunda saré mah ké heula anan. Héhé... Kitu ogé dina mangsana Piala Dunya, teu keukeuh-keukeuh teuing kudu lalajo. Saparengna baé, da teu lalajo gé moal matak gering... Kituna téh nepi ka babak-babak panungtungan. Dalah semipinal jeung pinalna gé teu lalajo langsung, teu kuat ku tunduh! Lalajo téh isukanana wé. Kairut sotéh ku Klinsmann, gayana basajan sekalé, teu ngariripuh manéh ku setélan jas katut dasina.

Kajadian anu masih ngabuntut tina ieu Piala Dunya, taya lian ti 'héden' Zidane kana dada Materazzi. “Beu, kunaon bet nepi ka kitu..?” gerentes téh. “Pasti Zidane kapancing...” gerentes téh ngémbohan deui...

Enya atuh da, dina maén bal mah, moyok (kaasup anu eusina teu uni, ngahina séké sélér atawa sabangsana) téh sigana hiji-hijina jalan pikeun mudalkeun kakesel atawa ngahaja mancing émosi lawan nalika maén (asal ulah kadéngé ku wasit wé, da lamun kadéngé mah bisa jadi masalah ogé). Sigana mah kitu anu kaalaman ku Zidane téh. Éta wé, isukna, dina koran geus aya koméntar ti pamaén séjén yén aya pamaén nu pinter mancing émosi lawan, sabar gé aya watesna, jeung koméntar-koméntar lianna. Média massa luar mah maké jeung aya nu husus nyéwa pamaca gerak biwir sagala, pikeun nebak naon anu diucapkeun ku Materazzi ka Zidane. Ceuk pamaén baladna Zidane, Materazzi téh ngucapkeun kekecapan anu ngahina indung jeung adina Zidane anu awéwé. Aya ogé nu nyebutkeun yén Materazzi téh nyebut Zidane téroris, tapi Materazzi ngabantah. Kieu meureun kekecapanana téh, “Boro-boro nuduh téroris, harti téroris gé kuring mah teu nyaho!” (maenya teuing...).

Sababaraha poé ka tukang, Zidane nyaritakeun kasang tukang kajadianana. Najan teu nyebutkeun kumaha kekecapan Materazzi, tapi intina mah éta pamaén Itali téh geus ngahina indung jeung adi awéwéna, luyu jeung anu diiberkeun ku balad satimna saméméhna. Saha jalmana atuh anu sudi indungna dihina ku batur? Ceuk Zidane gé, “Kuring mah kajeun ditonjok beungeut, batan kudu ngadéngé batur ngahina ka indung atawa adi kuring!”

Lamun téa mah bener Materazzi geus nyarita sarupa kitu, kacida hinana anjeun téh, Zzi...

Salapan hikmah gering

Salapan mangpaat gering:
  1. meresihkeun jeung nyucikeun diri tina dosa jeung kasalahan
  2. ngadeukeutkeun diri ka Gusti Alloh
  3. diganjar ku pahala ku Gusti Alloh mun urangna sabar
  4. ngajadikeun Gusti Alloh pamuntangan
  5. meresihan haté tina watek adigung adiguna
  6. ngangkat darajat di payuneun Gusti Alloh
  7. ngiberan yén Gusti Alloh miharep kahadéan pikeun manéhna
  8. mépélingan yén hurip waras téh gedé pisan mangpaatna
  9. mangrupa kasaéan sarta rohmat ti Gusti Alloh Ta'ala. (al-Mujtama')
(Ieu hikmah disalin tina 'talatah poéan' Amienem)