18.4.07

dangerously beautiful

Ngomongkeun ngeunaan kabeautifulan Indonesia, bet ras kana kajadian2 anu noron karandapan ku ieu bangsa. Pas anyar kawin... der teh aya sunami nu nyaahan Aceh jeung sababaraha wewengkon lianna. Balukarna, ratusan rebu jalma palastra. Ti Aceh, sunami meuntas ka pakidulan. Poho deui, sabaraha nu palastra nalika kajadian di sabudeureun Pangandaran teh... Henteu ti sagara, di Jatim cai mudal ti jero taneuh. Rebuan hektar daratan jadi situ. Sabaraha kulawarga nu leungiteun imah? Sabaraha jalma nu leungiteun pakasaban?

Cai nu mudal tacan saat, di Sumatra longsor... Can deuih kasakit infeksi flu hayam nu can kaungkulan. Tong boro kasakit nu anyar model flu hayam, dalah demam berdarah ge geuning urang teh tacan bisa ngungkulan...

Teu ku kajadian alam, teu ku kasakit, aya deuih nu maot alatan disiksa di kampus. Beu... Ari sugan teh geus cageur, ari pek teh geuning kitu... Budak ditelasan di kampusna sorangan, ku babaturanana sorangan. Ti dinya beuki boleker, yen eta 'budaya katelengesan' teh can leungit. Gara2 Muntu, borok kampus teh beuki katembong. Anu ngabalukarkeun palastrana Muntu kudu dihukum, anu nyumput nyalindungkeun kajadian kriminal ieu oge kudu dihukum.

Gara2 Muntu, kasus nu samemehna kabolekerkeun deui. Anu nandasa Wahyu Hidayat nepi ka palastrana horeng teu dipecat ti kampusna. Anu ngarogahala Wahyu Hidayat horeng bisa neruskeun iketan dinesna di Pemda di Jabar. Ih, najis aing mah... Nyaan ari nempo kitu mah, areuweuh gadag urang Sunda teh. Jalma teu bener dikukut di pamarentahan. Nu ngukutna? Piraku bener?!! Ngerakeun bangsa Sunda, siah!!!

Lah... basa harita lulus SMA, kocap aya babaturan nu daptar ka STPDN. Kabeneran ieu babaturan teh anak camat, jadi pas wawancara/tes di pemda teh ukur diajak ngobrol, da nu mariksana wawuh jeung bapana. Untung we, si babaturan teh teu asup, teuing kumaha caritana mah. Anu puguh, ti anggalna mula, ti mimiti seleksi asupna wae, ieu kampus teh geus camerok ku isu2 nepotis & kolusi. Kumaha jadina? Eces, nu asup teh loba nu lain barudak pinunjul. Punten, lain rek ngahinakeun atawa moyok. Mun bibitna teu bener (sigana mah aya/teu saeutik nu bener ge), diatik ku cara nu teu bener, engkena pijadieun naon?

Cikan tungguan. Mun bangsa ieu teu bisa ngabebener & ngokolakeun ieu kampus, naha urang bisa percaya yen ieu bangsa (pamarentah) bisa ngabebener & ngokolakeun ieu nagara?

travel warning!


Aya babaturan nyodorkeun stiker, eusina mah kurang leuwih kawas di luhur ieu. Heuheu...

21.3.07

horéééé... dibagi léptop!!!

Ni senang euy jadi anggota DPR mah... Geus gajihna gedé, ditambahan ku rupa-rupa tunjangan & pasilitas, ayeuna rék dibagi léptop! Ginding, Méééénnn...

Aya dua hal prinsip anu kuring panasaran:
  1. Naon alesanana maké kudu dianggarkeun dipangmeulikeun sagala? Mun ngarasa butuh mah mareuli sorangan gé sigana leuwih ti mampuh. Ari ieu, kalah maké duit nagara...
  2. Kira-kira mangpaat moal nya éta léptop? Naha kinerja anggota DPR bakal nérékél mun baroga léptop?
Lila-lila... Beuki dieu, bet asa beuki ocang euy élité bangsa urang téh... Asa hayang... nyiduhan!

31.1.07

Sundanét is Dead?

Mimiti apalna mah teu ngahaja, da mémang kuring mah teu matuh sindang ka Sundanét téh. Minggu kamari, pikeun hiji kaperluan, kuring nyusud internét maké Google, néangan téks naskah Carita Parahyangan anu nyaritakeun laku nirca Mandiminyak ka dahuanana, Pwah Rababu. Tina hasil nyusud, Google manggih sababaraha kaca ramat anu cocog. Ku kuring éta tumbu ampir kabéh dibukaan. Ari pék... anu di Sundanet mah gagal kabuka. Nu némbongan ukur papan pangumuman:

Internal Server Error

The server encountered an internal error or misconfiguration and was unable to complete your request.

Please contact the server administrator, webmaster@sundanet.com and inform them of the time the error occurred, and anything you might have done that may have caused the error.

More information about this error may be available in the server error log.

Additionally, a 404 Not Found error was encountered while trying to use an ErrorDocument to handle the request.

Pas ditanyakeun ka Mama manAR, mémang cenah Sundanét mah geus sahoseun...

Euh... lebar temen... Mangkaning dina éta loka téh seueur pisan pedaran nu patali jeung Kasundaan. Mun teu salah mah ieu loka téh bogana Wahana Raksa Sunda. Cik atuh... lebar ku eusina, Juragan... Pami tiasa mah hirupan deui... Atanapi, bilih baé tos teu kawaragadan hostingna, atuh susuganan tiasa dialihkeun ka média anu gratisan. Anu penting mah panginten nyalametkeun pedaran-pedaranana. Mun seug nepi ka leungit kitu baé téh... Beu... lebar temen...

18.1.07

amal soleh

Najan kacirina leutik, amal soleh mah ulah dimomorekeun, ulah teu dipilampah. Misalna nembongkeun imut atawa paroman anu hade nalika panggih jeung sobat, sahingga eta sobat ngarasakeun kagumbiraan urang tepung jeung manehna.

(disarikeun tina H.R. Bukhori kintunan Kang Abdul 'Aziz)