15.5.06

Pajajaran vs. Padjadjaran


Sababaraha kali kuring manggihan kecap PAJAJARAN jeung PADJADJARAN. Dua kecap ieu téh sabenerna mah éta-éta kénéh, nyaéta nujul ka puseur karajaan Sunda sanggeus dipindahkeun ka Pakuan Pajajaran, kira wewengkon Bogor ayeuna. Béda sotéh éjahanana wungkul: nu kahiji mah éjahan kiwari, sedengkeun nu kadua mah éjahan heubeul. Ngaran ieu lajeng dijadikeun ngaran ku universitas nu diadegkeun di Bandung: Universitas Pajajaran. Ngan, kusabab ieu universitas téh diadegkeun nalika urang maké éjahan heubeul, nya ditulisna téh jadi Universitas Padjadjaran (taun 1950-an asana mah), malah landihanana gé pan Unpad (lain Unpaj!). Jadi, di urang téh aya dua ngaran: Karajaan Pajajaran (alias Karajaan Sunda nu puseurna di Pakuan Pajajaran) & Universitas Pajajaran.

Salaku ngaran, mémang di urang mah sok tara dirobah nuturkeun éjahan anyar. Jadi, nepi ka kiwari, Universitas Pajajaran téh resmina mah ditulisna keukeuh Universitas Padjadjaran, sarua jeung kasus Soekarno jeung Soeharto (sarta "soe-soe" nu lianna). Tapi, anéhna, éjahan "padjadjaran" téh bet dipaké nepi ka kiwari pikeun nuliskeun Pakuan-Pajajaran (bisi panasaran, mangga buka loka Indosiar, Pikiran Rakyat, Pikiran Rakyat deui, jeung Kompas), padahal Pajajaran mah ngadegna téh jauh saméméh dipakéna éjahan heubeul. Heuheu...

Jadi, maksud tulisan ieu téh sabenerna mah pondok. "Pajajaran" salaku puseur karajaan Sunda, kiwari teu payus mun ditulis "Padjadjaran", da urang mah geus maké éjahan kiwari, lain éjahan heubeul. Enya sotéh ditulisna "Padjadjaran", mun nuliskeun "Universitas Pajajaran" sacara resmi.

Patali jeung Universitas Pajajaran, naha coba bet keukeuh dilandih "Unpad"? Ceuk kuring ieu mah, ieu téh lain teuing kusabab mémang tina ngaranna nu maké éjahan heubeul. Disebut "Unpad" sotéh kusabab létah urang mah teu ilahar boga kecap nu ditungtungan ku "j" paéh. Aya sotéh pasti beunang nyerep tina basa séjén, misalna "manhaj" (basa Arab). Sok baé téang kecap lianna, nepi ka dugul gé moal manggih! Heuheu...

Tidak ada komentar: