18.5.06

Pejajaran


Nyambung deui ah, ayeuna mah Pajajaran vs. Pejajaran.

Sakumaha anu disebutkeun dina postingan kuring saméméhna, kecap Pajajaran nujul ka Pakuan Pajajaran, puseur Karajaan Sunda ti saprak dipingpin ku Jayadéwata (anu katelah Sri Baduga Maharaja). Pakuan Pajajaran atawa Pajajaran ieu kadang disebut salaku ngaran karajaan, padahal, sabenerna mah, ceuk ahli sajarah, éta mah ukur sebutan. Buktina, pikeun conto, Tomé Pirés, urang Portegis nu kungsi nyaba ka palabuan Sunda Kalapa (atawa "Kalapa" wungkul) abad ka-16, nyebutkeun yén Sunda-Kalapa téh salah sahiji palabuan karajaan Sunda, lain palabuan karajaan Pajajaran.

Ayeuna, mangga cobi sungsi maké Google kecap "pejajaran". Dina hasil panyungsian, urang bakal mendak loba pisan loka/situs nu nyebut Pajajaran (karajaan) salaku Pejajaran. Naha kaci kitu ngarobah ngaran modél kitu? Lain ukur batur nu kitu téh, dalah urang Sunda sorangan aya nu nulis kitu. Kacalétot ramo, sugan? Atawa alatan salah ucap, kusabab hésé nyebutkeunana? Ah, piraku. Pira gé "p a j a j a r a n", di mana héséna? Manasina "francois" anu kudu dibaca "fransoa" (heuheu...). Aya nu lucu malah mah, piraku "Universitas Pajajaran" bet ditulisna jadi "Universitas Pejajaran". Meureun bisa disaruakeun jeung "Universitas Airlangga" nu disebut jadi "Universitas Aérlangga", atawa "Universitas Indonésia" jadi "Universitas Éndonésia! Heuheu....

Pejajaran, luh!
Tah... ieu mah lain deui. Sababaraha kali kuring kungsi ngadéngé ti urang Betawi kecap "pejajaran", malah dina sinetron nu nyaritakeun urang Betawi gé kuring kungsi ngadéngé larapan sarupa kitu téh. Duka naon hartina, nu pasti mah konotasina téh goréng. Néhatip... Bisi ieu mah, mémang aya kecap "pejajaran" nu teu aya pakuat-pakait atawa patula-patalina jeung Pakuan Pajajaran, sugan ti antara nu maca aya nu bisa ngadadarkeun hartina? Atawa, nu dimaksud dina kontéks éta téh mémang asal-usulna mah tina Pakuan Pajajaran téa? Mun enya, naha bet bisa kitu, nya? Manawi aya nu bisa ngadongéngkeun jujutanana...

1 komentar:

Anonim mengatakan...

Pejajaran, Luh! Sigana hartina "kabina-bina teuing"(keterlaluan!) condong ka harti nu negatif. Cobi aos buku profile orang betawi kagungan ridwan saidi. Ngan rarasaan teh rada cawerang...benten jeung kagungan mang Saleh komo mang Ayat sareng mang Edi mah. Kitu oge mun dibandingkeun jeung sejarah tanah jawi.