7.4.06

Étanasia

Étanasia (aslina mah euthanasia, lain 'étana manéh') téh cenah hiji tindakan médis pikeun nelasan hiji jalma nu geus ongkoh kasiksa ku kasakitna, euweuh harepan bisa diubaran deuih. Di Indonésia, sababaraha taun ka tukang kungsi ramé masalah étanasia, alatan aya nu mundut étanasia ka anggota kulawargana anu katarajang kasakit nu ceuk implengan mah geus moal katulungan deui. Enya ari dikitukeun mah, saréréa pada teu rido. "Mani téga," basana téh. Enya atuh, saha nu téga coba? Najan dulurna diganggayong ku kasakit gé, tara aya nu terus téga hayang nempo geura hos paéh (sangkan leupas tina siksa gering). Mun teu maké basa étanasia, kumaha tah?

Maksud kuring mah teu anéh-anéh, éstuning ningali di sabudeureun urang. Rahayat Indonésia loba pisan nu hirupna basajan, sarwa kakurangan, teu mampuh, miskin wé lah pokona mah! Ari geus ninggang di apes (lain apes kétang, da sigana mah aya patalina), kasakit mah geuning tara pilihan, justru mani arapét ka nu miskin mah. Bisa baé tina anu teu pira, muriang misalna, tapi bisa ogé alatan kasakit anu mémang parna. Tah, dina geus katarajang gering kitu, kumaha nya natambakeunana? Ka rumah sakit? Kudu biaya! Kapan loba kabéjakeun rumah sakit nolak pasén alatan teu mampuh. Kumaha mun alatan ditolak kitu si pasén téh nepi ka hanteuna? Enya ari 'disuntik paéh' mah henteu, tapi naon bédana?

29.3.06

Indonésia téh lega


Bieu téh ngadéngékeun progress report nu keur magang, nu mariksa populasi Lembata di NTT. Dina panganteurna disebutkeun yén propinsi NTT téh boga 500-an pulo, nu aya ngaranan ukur satengahna, satengahna deui mah 'belum ada judul'.

Beu, tétéla euy, Indonésia téh lega pisan. Éta wé, pulo-pulona nepi ka loba kénéh nu can boga ngaran. Heueuhna mah enya, kabeungharan alam téh teu kaurus. Ngan édas wé, najan teu diurus gé, ulah aya nu coba-coba ngaku-ngaku miboga éta pulo-pulo. Kuriak diperangan geura, heuheu...

28.3.06

Again, Sundanese v.s. Javanese


Tadi téh keur dahar beurang di kantor, duka ti mana mimitina, bet jadi ngobrolkeun masalah séké-sélér. Kabeneran, nu ngariung sameja téh opat jalma ti tilu sélér: Sunda duaan (lalaki), Jawa saurang (awéwé), Banjar (Kalimantan) saurang (lalaki, kawin ka urang Sunda).

Oh, enya. Balad nu urang Jawa, nyarita yén urang Sunda mah beuki kawin. Huahahahah... puguh baé kuring langsung ngagakgak bari némpas. "Haar... Pan anu gaduh Wong Solo téh urang Jawa?!" Atuh, saréréa jadi ngagakgak. Ti dinya, Balad Jawa nyaritakeun yén di kulawargana aya papagon turun-tumurun, yén kulawargana ulah aya nu nepi ka kawin ka urang Sunda. Héhéh, beuki ramé wé ti dinya mah...

Duka teuing ti mana asalna, tapi, ceuk cenah, pamali-pamali sarupa kitu téh asalna ti jaman Majapait - Sunda. Enya, tina kajadian di Bubat téa, gara-gara ambisi Gajahmada nu hayang ngawasa sakabéh Nusantara, nepi ka nyieun tipu muslihat ka pihak karajaan Sunda (salah sahiji karajaan nu can bisa dikawasa, sakumaha kasebut dina jangji anu katelah "Sumpah Palapa"). Padahal, ceuk cenah nu séjén deui, nu jadi sabab Sunda teu diganggu ku Majapait téh kusabab nu ngadegkeun Majapait téh turunan Sunda kénéh (mun teu salah mah pancakakina téh kieu: Radén Wijaya, nu ngadegkeun Majapait [aéh, enya kitu?] téh anak raja Sunda, sabab Dyah Lembu Tal téh boga salaki ti Sunda, ngan balik deui ka Jawa nalika salakina maot).

Balik deui ka dongéng Balad Jawa téa, manéhna ngadongéng, yén adina (lalaki) aya nu tulus kawin ka urang Sunda. Atuh... harita téh nepi ka sidang kulawarga, tapi henteu ari nepi ka pegatna mah. Sukur... Jeung deuih bukti, euweuh kajadian nanaon.

Nya kitu ogé anu kaalaman, kabeneran boga bapa téh urang Jawa Wétan, tingtrim wé nu aya. Pon kitu deui tilu urang dulur bapa kuring (uwa & dua emang) nu mareunangkeun urang Sunda, senang wé nu aya. Jadi, ulah lalawora... kieu-kieu gé kuring téh getihna indo, heuheu...

23.3.06

Linglung bin Kasarung


Naon geuning nya sebutanana teh, disoriented atawa naon, mun dina basa Sunda mah linglung tea meureun.

Lain sakali dua kali ieu kajadian teh, panungtung mah basa ka Depok minggu kamari, nalika ngadatangan acara kopdar Kusnet (Komunitas urang Sunda di Internet). Minggu kamari teh nu kadua kalina, da baheula ge kungsi turun di stasiun Depok teh. Sanggeus acara jeung sajabana lekasan, kuring mulang wanci magrib. Pede bae, ti imah Kang Ndoell di Depok Timur teh tumpak angkot trayek Depok Timur-Pasar Minggu. Barang anjog ka pasampangan di... (jalan naon nya, pokona mah jalan raya), kuring mimiti ngahuleng.... Naha, ka Bogor teh bet mengkolna ka kenca, sedengkeun ka Pasar Minggu mengkol ka katuhu. Terus we dipikiran, nepi ka terminal Depok teh keur dipikiran keneh. Jol curiga, boa geus nepi ka stasiun yeuh... Tapi, da asa rada jauh keneh. Tamba panasaran, nya si supir teh ditanya,
"Ngaliwat ka stasiun teu?"
"Stasiun mana?" ceuk si supir.
"Stasiun Depok," jawab teh.
"Lah, ieu stasiun Depok!" ceuk supir rada nyorongot.
Ngaheheh bari era, terus bae gura-giru mayar, laju turun tina angkot. Ti terminal, kuring nuturkeun naluri bae, nuturkeun kamana lolobana jalma ngalengkah, nepi ka tungtungna anjog ka stasiun. Sanggeus meuli karcis, kuring ngahuleng deui nalika nempo papan pituduh nu nunjukkeun Bogor teh ka kencakeun. Jadi Jakarta ka katuhu atuh. Beu!

Teu lila nungguan, jol kareta ka Jakarta-keun. Naek teh bari sabil, naha bener ieu kareta teh ka Jakarta. Pas dipariksa ku petugas karcis, kuring teu salah meuli karcis, hartina teu salah naek. Kakara reugreug soteh sanggeus nepi ka stasiun Pasar Minggu, da lumayan apal pisan ka stasiun eta mah. Longsong we hate teh...

29.11.05

Waprés Bendu


Dina koran sababaraha poé ieu kabéjakeun yén Waprés Jusuf Kalla bendu ka para guru anu "démo" macakeun sajak di payuneunana. Éta, pédah dina sajak disebutkeun yén aya wangunan sakola nu teu bina ti kandang hayam, ogé pedah disebutkeun yén gajih sabulan guru béak dina jangka sapoé.

Nya atuh, ngaranna gé sastra, biasana so dileuwihan, malah kadang kaleuleuwihi. Tapi, mun Juragan Waprés ngarésponna positif, tangtu lain ambek jawabanana téh. Lucu ieu mah, geus puguh dina koran gé sok aya foto sakola nu méh teu mangrupa téh, tapi keukeuh wé, Pamaréntah mah teu rumasaeun...

Ah... Kawas nu heueuh baé mikiran nagara/bangsa, diri sorangan gé jauh ti hadé...