10.1.07

Artos ngantosan

Minggu kamari mah di Jakarta teh ukur beunang dua peuting-dua poe. Hanas ngahajakeun indit leuwih gancang ti biasana, ari pek pagetona kalah dititah ngumpul di Bandung. Horseh we nu aya... Aya jalan komo meuntas, keur meumeujeuhna sono ka nu ditinggalkeun di imah mitoha... Heuheu...

Sakumaha biasa, ari keur kabeneran 'dines' ka Bandung teh sok sakalian laha-loho. Ari anu dilaha-dilohona mah rupa-rupa, ti mimiti scanning nu gareulis dina beus Jatinangor-Dipati Ukur, nepi ka ngapalkeun jalan. Maklum bae, da kuring mah lain urang Bandung. Sakalina nyanyahoanan ulin sorangan ge, sok kalah salah naek angkutan. Jadi, ari hayang aman mah nya biasana sok ngajak pamajikan.

Poe kahiji, sanggeus beres rapat alias meeting di RSHS, di hareupeun PT. Inti, tina beus Dipati Ukur-Jatinangor kuring luncat kana angkot ka Kebon Kalapa-keun (petana mah bayangkeun we Sapiderman luncat ti gedong hiji ka gedong sejenna), da kabeneran dahuan menta dianteur meuli printer. Sanggeus kukulibekan di BEC, printer nu diteang mah euweuh. Aya oge tipe saluhureunana, eta oge ukur aya di dua toko. Mahal nya, euy?!! LX-300+II hargana sajuta satengah, bandingkeun jeung, misalna, Canon Pixma tipe sarebuan.

Poe kadua, indit teh leuwih salse. Rada teu salse soteh pedah bae sieun pas waktuna jumaahan beusna can nepi ka masigit. Untungna teh pas pisan. Jam dua welas kurang saeutik beus Damri nepi ka Pusdai, nya sakalian bae jumaahan di masjid eta, keur mah eukeur geus niat hayang nyimpang ka kiosna Ua Sas di Pasar Cihaurgeulis. Ba'da jumaahan kuring langsung ka kios, kasampak Si Ua suwung. Ceuk baladna nu kios gigireun mah cenah paling oge keur neangan dahar. Teu sabaraha lila, enya bae, si Ua norojol bari mawa rambutan sababaraha beungkeut. Atuh.... ngadekul!!! Harita mah ngobrol jeung si Ua teh rada garing, sabab keur euweuh isu anu 'hot', sabulangbentor bae. Jam dua leuwih kuring indit deui, bareng jeung si Ua. Si Ua ieu mah bisnis teh sok sakarepna: purun hayu, ari hoream mah nya ngke deui bae... Heuheu... Nyaritana mah cenah rek terus balik si Ua teh, tapi duka teuing ari nu sabenerna mah, boa-boa rek ka Si Lang atawa Si Geu... Heuheu... Gosseeeeeeppp.......

Ti hareupeun pasar clak tumpak angkot ka Ciroyom-keun, da rek ka RSHS deui. Geus panggih jeung nu rek ditepungan, kuring langsung balik deui naek angkot nu ka Cicaheum-keun ti Jln. Pasir Kaliki hareupeun RSHS. Naek teh bareng jeung awewe (sebut bae 'Si Ema') nu angkaribung ku babawaan. "Ke sakedap, sakeresek deui," ceuk Si Ema pas bulak balik ngunjalan babawaanana kana jero angkot. Someah pisan. Ari kuring mah geus tiheula naek, diuk na bangku hareup, 'di samping pak kusir yang sedang bekerja' ceuk penyanyi cilik mah.

Lebah pertelon Cihampelas-Siliwangi-Ciumbuleuit, Si Ema menta turun. "Owh, urang pasar dieu meureun Si Ema teh," kuring ngagerentes. Pas ngasongkeun ongkos, Si Ema ngasongkeun duit dua rebu rupia, bari song deui sarebu. "Nuhun, tah ieu artos ngantosan," ceuk Si Ema. Kusabab kuring diuk di hareup, ngasongkeun & nampa duit teh pas hareupeun beungeut pisan. Bari rada molohok, kuring ukur bisa cruk-crek jero hate. Nu dagang di pasar leutik tradisional, nu pangalana ge sigana teu sabaraha, mani ku bageur. Make jeung mere 'artos ngantosan' sagala. Jadi 'hayang era', sabab kalan-kalan kuring mah pasea jeung nu boga angkutan teh, melaan duit sababaraha perak... Nu kitu meureun jalma soleh teh, nya... Tetep getol digawe najan geus umuran. Tetep berehan jeung someah najan pangalana teu loba... Mun teu salah mah jalma model kitu anu leungeunna kungsi dicium ku Kangjeng Rosul teh... Anu leungeunna karadas tapak digawe...

Tidak ada komentar: