3.3.08

Luigi, si tentara boga gaya... :D


Hiji mangsa, sababaraha bulan ka tukang, ka tempat kuring gawé aya kartu pos. Bagéan TU anu nampa éta kartu nelepon ka kuring, nanyakeun boga/henteuna babaturan di Afrika. Sanggeus ngahuleng sakedapan, kuring ngaenyakeun, da inget ka hiji jalma nu wanoh ti milis urangsunda anu mun teu salah mah mémang keur dines di Afrika. Éta TU teu pati yakin yén éta kartu pos téh ditujukeun ka kuring, da ditujukeunana gé lain ka ngaran kuring. Tapi mun dirarampa eusi tulisanana, nu sigana dina basa Sunda, saha deui atuh... Barang disusul ka luhur (rohangan TU aya di luhur), enya wé teu nyalahan. Kartu pos téh jolna ti kantor UN New York, malah perangkona gé perangko UN. Nu ngirimna Luigi Pralangga, anggota kontingen Garuda, TNI anu dikirim ku UN salaku pasukan penjaga perdamaian.

Bungah kacida nampa kartu pos téh, teu nyangka sacongo buuk bakal nampa nu modél kitu ti manéhna. Mun ti awéwé téa mah bakal teg baé, boa-boa... bogoheun! Atuh geuwat éta kartu pos téh ditémbong-témbong ka babaturan, terus ku kuring ditémbongkeun ogé friendsterna. Babaturan anu lolobana awéwé, rada kabandang ku poto-potona. Atuh da mangga wé tempo, tentara bet aya ku kasép, jaba bodas, euweuh wé beungeut tukang moyan téh... Beuki réa nu ditempo, beuki ateul hayang ngoméntaran... "Ieu mah tentara téh loba gaya... Beu!!!" Heuheu...

Bagéa, Kang Luigi. Sono, tos lami teu nampi wartos ti salira...

19.9.07

Ngéjah aksara walanda

Kamari aya nu méré alamat surélék ngaliwatan telepon, diéjah maké alpa béta jst. Sanggeus ét (@), "Séra, hotél, ého, lima, lima, dot kom," ku kuring ditulis '@serahotelecho55.com'. Nepi ka ditéangan dina Google sagala, susuganan bener aya hotél ngaranna 'séra'. Tah geuning kapanggih... Tapi, bet di Turki geuning ieu mah?!! Da tadi mah asa nyebutkeun linggihna di Bogor. Ana ditelek-telek deui... Jadol téh... @shell.com!!! Heuheu...

Lain, lamun ngéjah aksawa walanda maké basa Sunda kumaha nya kira-kirana? Kuring boga usul, yeuh. Mangga ilo béréndélan di handap (aksara nu teu aya nuturkeun kumaha galibna).

a = asép
b = bandung
c = cépot
d = dawala
é = éntog (aya nu leuwih jéntré, tapi cawokah ah... Éta ogé mun ieu aksara dipaké, misalna dina basa Sunda)
e = ema
g = garéng
h = huntu (aya ieu gé nu leuwih jéntré, tapi cawokah deui waé...)
i = imah (ieu gé aya opsi séjén, tapi beu... bet cawokah deui, cawokah deui aing mah)
j = jubleg
k = kuda
l = lodaya
m = manuk
n = nonggéng
o = oyag
p = panto
r = randa
s = sunda
t = takol
u = ucing
w = wadah
y = yuswa

4.9.07

GIA

Poe kemis, dua minggu ka tukang, kuring jeung babaturan sa-unit indit ka Medan pikeun nungkulan hiji acara seminar. Luyu jeung booking, rencanana rombongan teh rek naek pesawat Garuda anu jam 9 saparapatan isuk2. Jam satengah salapanan, kuring kakara ngilu ngantay check in, tiluan. Babaturan anu sejen mah geus asup ti heula, aman. Pas... Giliran kuring daptar, ari pok teh cenah pesawatna ruksak. Kusabab ruksak, cenah pesawatna diganti ku pesawat cadangan anu kapasitasna leuwih saeutik, jadi sabagian panumpang dialihkeun ka jadwal pesawat salajengna. Bari nungguan kapastian, kuring ukur bisa kukulutus,
"Paingan atuh dicaram hiber di Eropah, da geuning pesawatna ge raruksak!"

Pas giliran meunang kapastian hiber, horeng, lian ti nampa tiket teh bet aya uang kompensasi. Milik mah ti mana we... Lumayan, kakeuheul teh diubaran ku duit 420 rebu perak! Wahahahah... Teu rugi ieuh uing mah diundur ge...

Nalika geus nepi ka Medan, pas keur check in di hotel, bet pas panggih jeung babaturan anu indit ti heula tea, anu ceuk petugas tea mah dipindahkeun ka pesawat anu leuwih leutik. Aeh-aeh... Horeng simana horeng... Sakadang pesawat teh teu kirang nanaon, estuning jagjag waringkas. Pangna anu check in panungtungan dipindahkeun teh horeng alatan aya pejabat pulisi anu ngarebut booking (eta pejabat teh rek nungkulan acara anu sarua jeung kuring). Si bedul teh..!!!

Tina dongeng ti babaturan, lian ti ngarebut booking, ieu rombongan pejabat teh telat oge datangna, anu ngabalukarkeun mundurna jadwal pesawat-pesawat sanggeusna. Eta mah, cenah ceuk babaturan, rombongan pulisi teh pada moyok pada nyurakan. Anu lucu, horeng dina eta pesawat oge aya... Adhyaksa Dault, Menpora. Heuheuhe... Karunya teuing, pesawat mentri kudu nungguan alatan aya pejabat sahandapeunana anu telat datang... Dasar Indonesia...

19.6.07

Aksara Arab


Punten, ieu tulisan lain rék ngabahas aksara Arab, da teu neuleuman élmu éta kuring mah...

Aya kapanasaran, naha di nu séjén ogé kieu atawa di kuring wungkul. Mangga ilo gambar di gigir (snapshot kaca ti blog kuring), katingal teu aksara Arab di bagian handapna? Tah éta, naha nya bet mucunghul waé aksara Arab? Dikotéktak dina sétingan, weléh teu kapanggih. Cikan, sugan aya nu bisa nulungan, kumaha ngoméanana? Da rumasa, kuring mah teu bisa maca Arab dugul, komo ieu (sigana) dina basa Arab...

12.6.07

Ulah ngalieuk ka tukang!

"Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon! Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!"

Ti dinya mimitina mah manggih téh, tina anu disebut Uga Wangsit Siliwangi. Nu puguh mah jadi bingung, ti mana asalna éta wangsit, jeung naon deuih maksudna paréntah 'ulah ngalieuk ka tukang' téh... Ari perkara uga atawa wangsitna mah teu pati dipikiran, da rumasa teu pati katarik ku hal-hal nu kararitu mah. Manggih deui kalimah kitu téh dina paguneman di milis urangsunda, nu nyaritakeun pangalaman ahéng salasaurang anggota milis. Hanjakal eusina mah geus poho deui.

Kamari-kamari ngadéngé deui kalimah ieu téh ti uana pamajikan, nalika ngadongéngkeun saha kitu lah, nu pasti mah lain pangalaman anjeunna sorangan. Cenah nu ngalaman téh diakod ku kolotna (atawa guruna) ngajugjug ka hiji tempat maké sarupaning élmu, nu maksudna ngarah leuwih gancang. Kuring gé kungsi ngadéngé caritaan ua nu nyebutkeun dulurna baheula bisa nepi ka Garut ti Bungbulang dina waktu nu sakeudeung, tangtuna teu tumpak élep.

Tah, saméméh indit, si anu rék diakod téh dibéjaan sangkan ulah ngalieuk ka tukang. Pas diusna indit, sabot ngabelesat téh si nu diakod téh panasaran, lieuk baé ka nu kaliwatan. Ana kitu, porosot téh manéhna lésot, ujug2 jleg baé jadi ngajanteng sorangan di tengah leuweung luwang-liwung. Bisa salamet sotéh, pédah baé disusul deui ku nu ngakod. Mun enya, élmu naon nya nu dipaké? Naha hiji kasaktén anu ilahar aya dina dongéng-dongéng atawa kumaha? Mun kasaktén modél kitu dipapandékeun jeung kapal hiber atawa beus Primajasa Cileunyi-UKI jaman kiwari nu saban minggu ditumpakan, kumaha tah hubunganana? Nu pasti, tangtuna nu keur nyupiran tutumpakan mobil/motor mah dipahing pisan luak-lieuk ka tukang téh...